Selasa, 13 September 2022

ucap-tekad-lampah

1. TEKAD
    Kereteg manah (hate), kahayang, jeung sajabana anu kedal tina manah

2. UCAP
    Cariosan, omongan, bahasa anu kedal tina biwir

3. LAMPAH
    Kalakuan, lalampahan, rengkakna awak

Tekadna, ucapna, akur sinareng lampah, cingcirining manunggal antawis jasad sinareng ruh


1. TEKAD
    Bahasa hati (niat)
2. UCAP
    Bahasa lahir  (bicara)
3. LANGKAH
    Kelakuan (Akhlak)

Tekad, ucap, teraplikasikan ku lampahna jadi hiji keutuhan antara jasad jeung roh

ucap-tekad-lampah

1. TEKAD
    Kereteg manah (hate), kahayang, jeung sajabana anu kedal tina manah

2. UCAP
    Cariosan, omongan, bahasa anu kedal tina biwir

3. LAMPAH
    Kalakuan, lalampahan, rengkakna awak

Tekadna, ucapna, akur sinareng lampah, cingcirining manunggal antawis jasad sinareng ruh


1. TEKAD
    Bahasa hati (niat)
2. UCAP
    Bahasa lahir  (bicara)
3. LANGKAH
    Kelakuan (Akhlak)

Tekad, ucap, teraplikasikan ku lampahna jadi hiji keutuhan antara jasad jeung roh

Senin, 12 September 2022

Sampurasun

Sampurasun

Medal tina 
“sampurna ning ingsun” nu hartosna “sampurnakeun diri anjeun”. 
Nyampurnakeun dina sajeroning 
ningali, 
ngadenge, 
ngarenghap, 
ngucap, 
antukna museur kabersihan manahna. 

Dina manah anu bersih bakal tumiba sifat kanyaah ka sasama ngawujud 
silih asah, 
silih asih, 
silih asuh, 
silih wangian, 
silih seungitan (siliwangi). 

Waspada permana tinggal, 
ceuli kajaga ku runguna, panon kajaga ku awasna, irung kajaga ku angseuna, 
letah kajaga ku ucapna, notos ka manah anu kajaga ku ikhlasna. 

Waspada permana tinggal manunggal kana deudeuhan, 
welasan, 
asihan, 
nulung kanu butuh, nalang kanu susah, nganteur kanu sieun, nyaangan kanu poekeun. sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, 
ka cai jadi saleuwi 
ka darat jadi salogak. 



Sariring-riring dumadi, sarengkak saparipolah
Hirup ukur sasampeuran, awak ukur sasampayan
Sadaya kersaning Gusti anu kagungan

7 mutiara sunda akur. KAAHÉNGAN RUNTUYAN AKSARA SUNDA

KAAHÉNGAN RUNTUYAN AKSARA SUNDA









Ngeunaan aksara Sunda, jigana can pati loba nu apal kana susunan aksara anu sabénérna, alatan geus heubeul teuing ku urang Sunda teu disusud kana sungapannana, 
rajeun aya oge anu nalungtik nu kakoreh téh ngan ngawengku kana rupa wujud jeung sajarahna wungkul, 
kitu ogé dumasar kana naskah-naskah nu ditinggalkeun ku para karuhun urang baheula, 

apan ari dina naskah-naskah mah tara aya nu ngajéntrékeun soal susunan aksara na, komo deui nu nyurah ngabéjér béaskeun eusi-eusina tur harti tina aksarana mah jajauheun, 

anu matak kacida arang langka na urang Sunda apal kana harti eusining nu aya dina susunan Aksara Sunda téa.

Kacida salahna lamun urang boga anggapan yén urang Sunda teu boga peperenian nu nyamuni dina aksara na, hal ieu teu bisa nyalahkeun sasaha ku sabab boroning urang nu hirup jaman kiwari, 
dalah kolot urang ogé can tangtu, 
sabab urang Sunda  geus heubeul teuing dijejelan ku mangrupa rupa kabudayaan anyar nu datangna ti luareueun kasundaan, 

salah sahji na nyaéta dina aksara.

Aksara Sunda mangrupakeun salah sahiji turunan aksara Pallava (Palawa) 
anu geus di saluyukeun jeung kaayaan tur kamampuan luluhur urang di jaman harita,  nerekabna di urang kurang leuwih ti abad ka 14 (opat wélas) nepi ka abad ka 17 (tujuh welas), 

singhoréng ti béh ditu kénéh urang Sunda geus boga kaparigelan maca tur nulis ku aksarana sorangan, 

hal ieu bisa dibuktikeun ku lobana titinggal-titinggal karuhun urang Sunda 
nu masih kénéh bungkeuleukan, 
nu bisa ku urang dijadikeun patokan yén karuhun urang baheula oge geus ngajadikeun tutulisan téh jadi hiji kabiasaan pikeun ngarékam tina kajadian-kajadian sapopoé di jaman harita.

Sok sanajan tulisan-tulisan éta téh lain jiga jaman kiwari anu geus sagala nyampak, dina jaman harita mah bahan-bahan keur tutulisan téh éstuning kacida basajanna pisan, saluyu jeung jaman harita nu masih kénéh walurat ku bahan-bahan tutulisan téa, 
anu antukna tulisan-tulisan tadi téh ditulis dina bahan-bahan nu disampakkeun ku alam, 
kaya ning batu-batuan, dangdaunan (daun lontar, daun kalapa, daun gebang), 

dina bébékan awi  atawa dina kulit sasatoan (handalam), 

atuh béh dieuna aya anu ditulis dina kulit tangkal saéh oge aya  anu nulis dina kertas walanda saperti contona carita waruga guru.

Anu ditulis dina batu, 
ku urang bisa dititénan dina prasasti Kawali 
nu aya di Astana Gedé Kawali, 
éta aksara Sunda anu dianggap pangheulana (aksara Sunda awal), 

atuh anu ditulis dina daun lontar ,atawa nu sejénna nu mangrupa naskah-naskah, 
dalah pabalatak, 
nu kiwari disimpen di Museum-Museum atawa di paguron -paguron luhur pikeun dijadikeun-bahan panalungtikan ngeunaan sajarah Sunda, 

malah meureun  dimasarakat ogé tangtu masih kénéh loba nu nyimpen naskah-naskah Sunda 
titinggal karuhunna, 
nu dijadikeun barang pusaka.

Malah aya diantarana 
nu nyimpen kénéh naskah nepi ka dipupusti  ngaleuwihan tibatan barang séjén, 
contona baé; 
teu meunang di coo budak atawa kaléléngkahan, 
malah sakalieun dibawa ogé kudu disuhun bari jeung dibungkus kulawon bodas, diminyak seungitan, 
nya kadang-kadang dikukusan, disasajénan saméméh di buka téh majarkeun téh 
pamali bisi kawalat.

Ieu kaharti pisan, 
lamun téa mah aya panyarék supaya ulah 
di coo budak,  
sabab bisi ruksak, 
soéh atawa cul laur neundeun dimana baé 
nu ahirna kapiceun atawa leungit, 
atuh lamun téa mah teu meunang kaléléngkahan,  atawa mawana kudu disuhun, 
ieu ogé kaharti, 
sabab kolot urang ngadidik supaya urang bisa ngajénan kana hasil karya luluhurna, 
lamun téa mah naskah-naskah tadi diminyak seungitan, 
éta maksudna supaya ulah bau hapeuk, 
ngan hanjakal 
ku dicarékna éta budak pikeun nyoo naskah, budak éta moal nyaho kana eusina, komo deui maké hayang diajar maca jeung nulisna mah jajauheun.

Kunaon atuh pangna Aksara Sunda geus teu dipake deui ku urang Sunda sorangan?, 

hal ieu dimimitian 
ku ayana aturan anu kapaksa kudu dilaksanakeun 
ku masarakat Sunda jaman harita, 
utamana ku golongan-golongan anu boga pangaruh 
boh di pamarentahan atawa dimasarakatna sorangan.

Dina taun 1596 M Walanda mimiti datang ka Banten nu di pingpin ku Cornelis de  Houtman, kalawan dina 
taun 1602 M nyieun kongsi dagang keur mageuhkeun kakawasaanana nu dingaranan 
Vereningde Oost Indische Compagnie (VOC) kalawan nu  di bubarkeun  dina tanggal 31Desember 1799 M, 
nu ngamimitian jadi Gubernur Jendralna téh nyaéta Pieter Both, 
anu satuluyna diganti ku J.P.Coen 
kalawan ngabogaan 
hak anu istiméwa 
anu disebut Octroi.

VOC nyieun hiji kaputusan nu ditetepkeun tanggal  
03 Nopember 1705 M yén aksara resmi di tatar Sunda téh ngan ukur aksara latén, arab pégon jeung cacarakan;  

nu dirojong ku pangagung Cirebon 
ku ngaluarkeun aturan anu sarua dina tanggal 09 Pebruari 1706 M, 
nya ti waktu harita Aksara Sunda dipopohokeun, katungkulkeun ku diajar aksara anyar tadi, tujuanana pikeun nyaluyukeun jeung kamajuan jaman harita, nu antukna Aksara Sunda jeung sagala ka ahéngan nana pada naringgalkeun, 
nu kari ukur naskah naskah kuno titinggal karuhun.

Anu matak teu anéh, lamun urang Sunda nganggap yén aksara sunda téh 
Cacarakan atawa 
HA NA CA RA KA téa, 
hal ieu dilantarankeun 
ku ayanana kolot-kolot urang ngajarkeun atawa ngawanohkeun nana kana aksara cacarakan tadi, 
lain kana Aksara Sunda, nepi ka boga anggapan yén cenah aksara  Sunda asli téh nyaéta Cacarakan téa, 
bongan urang Sunda 
lila teuing sina poho kana aksarana jeung arang langka anu ngamumulé tur nurunkeun pangabisa maca tur nulis ku aksara karuhunna.

Tapi teu nanaon,
ngan meureun perlu ogé dikanyahokeun yén aksara  Cacarakan mah apan bawa Mataram, 
anu diresmikeun ku Sultan Agung III  
Adi Prabu Hanyarakusumah 
(1613 – 1645) 
ti Dyah Banowati, 
ti Mataram dina tanggal 01 Muharam taun Alip 1555 Saka,atawa tanggal 01 Muharam taun 1043 H,atawa tanggal  
08 Juli taun 1633 M, 

sedengkeun 
aksara Sunda mah geus aya di urang saméméh Mataram asup 
ka tatar Sunda, 
ngan kawatesanan 
ku aturan anu di kaluarkeun ku panguasa jaman harita, 
nu matak daék teu daék urang Sunda jaman harita kudu ngagugu kana aturan nu dijieun 
ku panguasa tadi tea .

Sakumaha anu aya dina aksara cacarakan, 
pan urang ogé pada apal yén dina aksara Carakan/cacarakan téh sakitu euyeubna guareun urang, boh tina wincikan hartina boh tina dongéng Ajisaka na, 
malah apan susunan aksara Carakan mah sok dipaké itung-itungan dina sagala kaperluan hirup kolot urang baheula, 
ti mimiti ngaranan orok, hahajatan, repok jodo, néangan kipayah jeung sajabana ti éta, 
pon kitu deui dina 
Aksara Sunda, 

ku sabab kitu didieu 
sim kuring seja medar peperenian anu ngan ukur sa ayub payung sa caang damar, 
ngeunaan Aksara Sunda ,
mudah-mudahan aya mangpaatna pikeun urang balaréa.

Pun……………….



Harti Aksara

Aksara nyaéta 
“hiji system simbul visual nu aya réngkolna 
dina hiji bahan (media) nu  ngabogaan fungsi pikeun ngungkapkeun unsur-unsur 
nu ngaekspresikeun 
hiji bahasa”

Istilah séjénna mah “Aksara nyaéta system tulisan”

Aksara 
asalna tina 
bahasa Sanskerta, sacara etimologi 
asal usul kecap “Aksara”  ngakar tina kecap 
“A” jeung “Kshara”.

“A” ngandung harti “Henteu”, 
sedengkeun 
“Kshara” ngandung harti “ kamusnahkeun”. 

Jadi aksara téh 
“ nu teu ka musnahkeun”  alatan ngabogaan fungsi pikeun ngadokumentasikeun 
hiji hal kana bentuk tulisan.



Wincikan Aksara.

Aksara Sunda 
cumakup kana 
aksara Swara jeung aksara Ngalagena

Aksara Swara
Sakumaha ilaharna aksara-aksara anu séjén, aksara Sunda ogé 
aya anu disebut 
aksara swara atawa aksara vocal 
kalawan jumlahna ogé ngan aya lima 
(panca aksara) 
É pepet jeung EU mah 
teu ka asup 
sabab jaman baheula mah di tanah jawa bahasa nasionalna téh bahasa sansekerta minangka bahasa persatuannana, sedengkeun dina bahasa sansekerta mah 
apan euweuh É pepet, kukituna aksara swarana ogé ngan aya lima.

Aksara swara ieu 
aksara anu ajaib, 
alatan teu butuh aksara anu séjén, 
tapi aksara anu séjén mah tangtu butuhna.

Aksara vocal 
dina aksara Sunda 
aya lima nyaéta 
A, I, U, É jeung O.

Dina ieu pedaran 
lain rék ngabahas 
jirim rupana aksara 
A, I, U, É jeung O 
sabab 
geus pada apal 
tur bisa nulisna, 
tapi nu jadi pananya, kunaon ti jaman baheula tug nepi ka kiwari susunan huruf atawa aksara téh bet 
A,I,U,É jeung O, 
naha teu É heula 
atawa I heula 
atawa anu séjénna.

Ieu sababna 
dina ieu pedaran 
urang jujut ti puhu, 
urang papay ti awal, sangkan urang teu poekeun teuing.

A,I,U,É,O, 
dina aksara Sunda téh nyaéta singketan 
tina kecap bahasa sansekerta,




Jadi lamun dihijikeun mah jadi :

“ Élmu pangaweruh (Acitya) téh 
keur pituduh haté (Ikati) nu bisa dihontal 
ku dua cara (Ubhaya) ngan cokot hiji (Éka) 
nu pang alusna (Ogaya)”.

Tegesna 
tiap jalma 
wajib ngabogaan Élmu/Pangaweruh, 
pikeun pituduh kana haté sangkan bisa ngawujudkeun 
nu jadi implengannana tur pituduh kana haté keur ngabédakeun mana nu salah jeung mana anu bener, 
ngan poma 
kudu nyokot salah sahijina 
nyaéta nu pang alusna, alus keur diri sorangan alus keur balaréa, 
alus ceuk diri sorangan, alus ceuk balaréa.

‘A’  – 
Pangjangka nu ngajarak saban arah.

‘I’   – 
Pamatri nu ngajirim kana ati.

‘U’  – 
Panglawung sabalé nyungcung.

‘É’  – 
Panglébér nu ngabébér ka sékésélér.

‘O’  – 
Panyombo tiap ramo nu sumolondo.


Aksara Ngalagena.

Jajaran 
aksara Sunda buhun 
teu sarua jeung 
jajaran aksara Jawa Bali atawa anu séjénna lantaran 
dina runtuyan 
aksara Sunda 
aya wejangan 
pikeun urang saréréa lamun dilenyepan mah baris leuwih jero 
batan pedaran ieu diktat.

Jajaran aksara Sunda ngajirim 
jadi kecap-kecap 
nu gampil dilapalkeun 
tur gampil diapalkeun, 

ngandung harti 
pikeun dipisurti, 
loba siloka 
pikeun guareun 
urang saréréa.

Susunan aksara sunda téh nyaéta :




JAGA PADA NGACA KASAHA NYATANA LARA MAWA BAYA, 

ieu asalna 
ti babar kecap nu jadi Pager Pangayuman pikeun 
dijadikeun wejangan keur sabagian urang Sunda.

JAGA PADA NGACA KASAHA NYATANA LARA MAWA BAYA, 

boga harti 
nu écés tur jéntré, 
nu kurang leuwih 
kieu maksudna :  
“ jaga 
(isuk pageto urang rék) ngaca (ngeunteung) 
ka saha , 
(dina) nyatana 
(mah mangsa) 
lara (gering/nyeri) 
(baris) mawa baya 
(keur balaréa)”.

Tina harti nu salancar tadi urang geus bisa ngira-ngira 
kamana loyogna kecap nu disusun dina 
aksara Sunda, 
yén sategesna 
dina hiji mangsa 
urang baris kaleungitan nu bisa dipaké eunteung (conto) dina kahirupan urang, 

baris loba jelema 
anu goréng talajakna, anu engkéna 
baris meunang wawales anu satimpal jeung kalakuanana, 

hal ieu geus digambarkeun 
ku karuhun urang kalawan jéntré 
dina kecap jajaran 
aksara Sunda sagemblengna.

Karuhun urang ogé 
geus bisa ngira-ngira kana naon-naon nu baris karandapan ku anak incu na, 

bakal loba jelema 
nu kaleungitan 
salah sahiji tina 
tujuh mutiara kahirupan urang Sunda 
(Cageur, Bageur, Bener, Pinter, Singer, Jujur, Akur) 

nu teu weléh di ipat-ipat dina pang wawadi 
para karuhun 
urang Sunda 
ka anak incuna, 
anu sakuduna mah 
ku urang dimumulé tur dirarapkeun dina 
hirup urang sapopoé, sabab 
lamun urang 
geus kaleungitan 
salah sahijina tina diri urang, 
tangtu disebutna ogé jelema gering atawa 
teu waras.

Urang cageur 
lamun teu bageur ?, urang cageur jeung bageur 
tapi lamun teu bener, urang cageur, bageur,
kalawan bener 
lamun teu pinter ? 
jeung saterusna.

Anu matak 
kacida perluna 
urang ngamumulé 
tujuh mutiara kahirupan tadi dina diri urang sangkan urang teu disebut jelema gering

Jaga pada ngaca kasaha, 

ieu ngandung harti 
hiji pananya pikeun urang saréréa, 
yen isuk jaga ning pagéto saha nu rék dipaké eunteung dina kahirupan urang sapopoé, 
bisa indung, 
bisa bapa, 
bisa saha baé 
anu sakira-kirana 
bisa nyontokeun 
hiji kajadian 
anu boga akibat 
dina kahirupan urang, anu geus tangtu 
dicokot ku urang téh 
anu aralusna wungkul , da ari nu goréngna  mah kudu disingkahan, tegesna 
urang kudu bisa ngeunteung kana luang nu kaciri, 
nu kadenge jeung 
anu karasa 
tur kaalaman 
ku diri sorangan, 
nu dipamrih 
sangkan ulah 
ngarempu tugu ngarempak canar, 
bisi kacanir bangban.

Ngarémpu tugu, 
hartina 
urang ulah ngalanggar aturan anu dijieun 
ku pamarentah.

Ngarémpak canar, hartina 
urang ulah ngalanggar aturan anu geus ditangtukeun ku agama anu jadi kayakinan diri urang.

Urang bisa ngeunteung kana pangalaman hirup urang, 
atawa 
kana pangalaman hirup dulur-dulur  nu aya disabudeureun urang, atawa 
urang bisa ngeunteung kana kahirupan anu ébréh témbrés 
nu kapanggih ku urang 
di mana baé, 
iraha baé jeung 
keur kumaha baé, 
éta kabeh bisa dipaké eunteung, 
dijieun conto ku urang.

                        
– Nyatana 
lara mawa baya ngandung harti 
Nyata atawa kanyataan, yén 
kahirupan didunya mah teu leupas tina kanyataan, 
sok sanajan urang boga lamunan, 
atawa kahayang, 
lamun Gusti 
geus ngersakeun 
kudu kieu 
nya wayahna 
kudu ditarimakeun, 
ulah ngarastula, 
bongan manusa mah geus boga hancengan hirup séwang-séwangan nu disebut 
kulak canggeum bagja awak téa.

Hirup katungkul ku pati paéh teu nyaho dimangsa, 

galur hirup aya nu ngatur gelarna aya nu ngawasa, usik malik di intip wanci pibalikeun, 
réngkak polah didagoan ku mangsa 
pi mulangeun, 

balik ka jati 
mulang ka asal, nungu-nunggu di pundut ku nu rahayu 
dialap ku nu kawasa.

Ceuk kolot téa mah , kumaha geletuk batu kecebur cai na, 

hirup mah 
kumaha béhna, 
sabab 
daék teu daék urang mah geus aya anu ngatur, jodo, pati, bagja jeung cilaka éta kabéh 
geus di tangtukeun 
ku anu Maha Kawasa dalah usik malik,
réngkak jeung rénghap urang teu ngaboga-boga, kabéh ogé 
ngan aakuanan, 
manusa mah 
teu boga nanaon jeung teu bisa nanaon, 

hirup didunya ogé 
ngan ukur dihirupkeun, 
di umbarakeun, 
lain meunang kahayang sorangan 
kalawan teu bisa nawar.

Tiap jirim manusa 
teu leupas tina katangtuan hirup 
anu geus teu bisa dipungpang deui, 

tiap jirim manusa 
geus tangtu ngalaman lara, gering 
atawa aya kanyeri ,
ngan tipa lara geus tangtu bakal ngajadi cukang lantaran 
kana baya 
atawa pibahayaeun,

lamun téa mah 
dirina keur nandang lara atawa keur gering, 

apan gering teh kembangna paéh, geringna hiji jelema 
bisa baé ngabalukarkeun pancabaya keur dirina sorangan 
atawa 
keur nu séjénna, 

boh karana dirina aral 
ku kasakit, 
atawa 
diri batur ngarasa aral 
ku ngarasanan nu gering téa, 

anu temahna 
sok aya kajadian 
anu teu di pikahayang.

Teu euweuh jelema nyilakakeun 
atawa 
maéhan diri sorangan lantaran ngarasa aral 
ku kasakit, 
atawa 
paling hanteu dirina humandeuar, 
atawa 
bisa baé nyieun aral 
ka diri batur, 
nu antukna batur jadi ijid, ceuceub ka diri manéhna lamun geus kitu manéhna tinggal nungguan waktu 
iraha manéhna baris dicilakakeun ku batur, atawa 
dina untungna 
baris pada ngantep 
dina waktu manéhna keur gering.

Pan ieu kabéh 
nu ngalantarankeun cilakana nu séjén, 
yen tiap gering tangtu mawa pibahayaeun.

Yen manusa teu weléh gering, 
sabab 
manusa keuna ku sipat sarakah téa, 
moal weléh ngarasa kurang jeung kurang, lamun jelema ngarasa dirina teu weléh kakurangan 
mangka dirina 
baris nga ihtiaran 
ku sagala cara, 
babadug sisiku , sésépak jeung totojér, 
nyigeung ka itu ka ieu padu kahontal pamaksudan ngawenangkeun sagala cara, 

ieu cirina jelema 
keur gering, 
da lamun cageur mah tangtu moal kitu.

Harti hiji-hijina kecap 
nu aya dina jajaran aksara Sunda

Jajaran aksara Sunda ogé neundeun harti 
anu leuwih jero 
lamun ku urang diguar,       nyamuni dinu suni, negrak di nu caang, 
écés jéntré teu kapaliré bongan urang haré-haré.


1. 
JAGA

Jaga, 
dina bahasa prakerta 
“ Jagarti”  
boga harti 
hudang, 
éling, atawa 
sadar.

Hudang tina tibrana saré pikeun ngalaksakaeun kakuduan hirup,
( lain ngalindur).

Éling ka Gustina, 
éling ka dirina

Sadar 
yén diri 
taya tangan pangawasa

Jaga….  
ngandung harti ogé panitah keur diri urang, sangkan diri urang 
bisa ngajaga tur ngariksa, 
tegesna urang kudu bisa ngamumulé diri urang tina sagala pangrobéda dunya 
nu baris nalikung kahirupan urang salawasna, 

ngajaga diri teu cukup 
ku bisa maén po, atawa nu liana,  

aya anu leuwih penting 
ti batan éta 
nyaéta ngajaga 
tékad, 
ucap jeung 
lampah.

Ngajaga tékad urang 
tina niat goréng 
ka batur,

mulah carut 
mulah saréréh, 
mulah nyangcarutkeun manéh, 

nu enya majarkeun lain, nu lain majarkeun enya, 

ulah boga haté 
gindi pikir belang bayah ka sasama.

Tékad 
nu jadi awit 
tina sagala kahayang jeung kasungkan, 

ati lir ibarat raja 
nu ngawasa 
kana jungkiringna jirim diri nu la’ip, 

raga waruga 
nu tanpa daya, 

tina ati jorojoyna  
hiji kahayang 
anu kadang teu bisa dipungpang, 
hayang itu hayang ieu, hayang kitu jeung 
hayang kieu,

geus hiji hayang dua, geus dua hayang tilu, jeung saterusna, 

nu antukna 
hirup pinuh 
ku bangbaluh, 
kumoléab kumoléntang loba kahayang 
nu can kasorang.

Ieu nu ngajadikeun poékna pikir 
pikeun jalma 
nu kurang jeujeuhan, guluyurna waktu galasarna mangsa, 
asa rusuh nalikung atina, meungkeut pageuh kahadéan keur deungeun, mangkék haté ku munapék, 
hirup padu hirup, 
teu nolih ka sagigireun, asal genah 
keur sorangan.

Ngajaga ucap tina lisan nu matak ngaraheutan haté batur, 
sabda tuhu tepet byakta, tegesna 
lamun ngomong 
ulah linyok bohong, 
kudu sarua jeung buktina, 
sarua jeung kanyataan nana,

pitutur 
kudu jadi tuturaning 
ning manusa, 

babar kecap 
kudu jadi gambar lampah paripolah nu teu misalah,  

Urang kudu diajar jujur 
ka diri sorangan,

lamun urang 
linyok bohong, 
pasti kanyahoan, 
bisi nandang wiwirang dikolong catang, 
nya gedé nya panjang.

Ucap teh 
lir ibarat pedang, 
bisa nyalametkeun ogé bisa nyilakakeun, 

anu matak 
urang kudu bisa 
ngajaga ngariksa 
kana ucapan 
anu dikedalkeun 
ku urang, 

bisi kacalétot omong tisolédat létah,

abong biwir teu diwengku abong létah teu tulangan, ujar padu engab, 
kudu ijir itung heula, rarampa heula 
rasa sorangan, 

bisi nyebit ati ngaraheutan haté batur.

Ku ucapan 
bisa  genah jeung 
ku ucapan oge 
bisa teu genah, 

alus ku omong 
goréng ku omong, 

nya tina omongan urang baris pinanggih genah jeung teu genah 
dina campur gaul jeung sasama,

tina omongan urang baris narima kahadéan atawa  kagoréngan 
ti sasama, 

kukituna lamun urang 
teu ngarti, 
alusna mah 
cicing ngabetem.

geuingna padang caang lega loganda, 
tegesna 
urang kudu bisa 
silih geuing 
silih élingan 
ku pépéling 
nu méré pijalaneun 
kana jalan pisalameteun. 

Urang moal nyaho kana kasalahan diri sorangan lamun 
batur teu ngageunggeureuhkeun kana ucap jeung lampah urang nu salah, 

pon kitu deui batur, 
moal sadar dirina 
lamun ku urang 
teu digeunggeureuhkeun, 

ngan poma 
ulah nyawad, 
ulah nyacad, 
sabab 
can tangtu narima 
kana panyawad urang, komo deui lamun nepi 
ka nyacad mah 
tangtu batur 
moal sukaeun.

Geus jadi hiji kakuduan pikeun urang, 
yén 
meré pépéling, 
méré piwejang, 
ka anak, incu atawa 
ka anu mikabutuh 
ku tungtunan hirup, sabab 
mungguh kahadéan 
teu diukur ku tangtung kujur, 
teu bisa dikira-kira 
ku tunjang awak, 
bari sok sanajan 
hirup urang can bener, tapi 
paling henteu urang 
kudu méré luang 
nu baris jadi piwulang 
ka papada urang.

Luang 
lain ukur tina daluang, lain oge tina bincurang tapi luang 
bisa tina haleuang, 
bisa tina hariring,
bisa tina rigig, 
tina réngkak, 
tina rindat, 
tina semu,
ti anu karasa jeung kaalaman, jeung 
tina sagala rupa 
nu kajeueung ku mata lahir. 

Kabéh éta bisa jadi luang keur diri urang jeung 
keur anu séjénna.

Ngajaga lampah, ngajaga léngkah 
bisi salah nya nincak 
nu tangtu sawaktu-waktu mah urang bakal tijalikeuh, 
léngkahna dina ngayonan sagara kahirupan 
nu pepek padet 
ku tatarucingan ieu, 

ka hareup 
kudu ngala sajeujeuh, 

ka tukang 
ngala saléngkah,

ka kamari pulang anting, isukan purug anjangan, 

ulah poho tumpa-tempo ka pagéto, 

tegesna 
urang kudu jiga hap-hap méméh nincak téh endag-endag heula 
bisi rempag.

Kahareup 
ngala sajeujeuh 
hartina 
urang kudu bisa nyawang atawa 
ngira-ngira naon nu bakal kajadian 
lamun urang ngalakukeun 
hiji pagawéan nu sarupa kitu, 
naha alus atawa goréng, 

ulah alus ceuk sorangan tapi 
kudu alus ceuk umum, kalakuan urang téh 
ulah nepi ka ngarugikeun batur, 
ulah pika ngéwaeun batur.

Katukang 
ngala saléngkah, 
hartina 
urang kudu ngeunteung kana pagalaman urang nu katukang, 
sangkan urang 
teu milampah deui 
hiji pagawéan anu ngabalukarkeun karugian keur diri sorangan atawa keur diri batur.

Ka kamari 
pulang anting, 
hartina  
nu geus ka alaman 
ku urang ogé 
ulah dipopohokeun, inget-inget deui  
sagala rupa nu geus 
ka randapan ku urang,

bisi aya laku 
nu teu puguh, 
aya lampah 
nu teu merenah 
anu matak ngaraheutkeun atawa ngarugikeun 
diri sorangan atawa 
diri batur.

Ulah poho tumpa tempo ka pagéto, 
hartina 
urang kudu bisa ngira-ngira 
naon anu baris karandapan 
ku urang 
lamun urang ngalakukeun 
hiji pagawéan, 

kumaha balukarna 
keur diri,jeung 
balukarna keur batur, 

“melak cabé 
moal jadi bonténg, 
melak hadé 
moal jadi goréng”


2. 
PADA

Dina bahasa Bali :

Pada 
boga harti 
taneuh, 
bumi, 
prativi

Pāda 
hartina 
Suku, 
Sampéan

Padha 
hartina 
Sarua, 
sami, 
akur

Pada 
hartina ogé sarua 
(asal tina kecap pada-pada atawa 
Padha 
dina bahasa Bali), 
yén 
sagala rupa 
anu diciptakeun 
di alam dunya ieu 
dina seuhseuhanna mah saruwa, 
utek tongo 
walang taga,
manusa buta détya, 
lukut jukut rungkun kayu, keusik karihkil cadas mungkal,
ibun cinyusu talaga sagara, 
bumi langit jagat mahpar,
angin leutik ngahiliwir angin puyuh lilimbungan, béntang rapang 
bulan ngempray, 
sang hérang ngéngé 
nu nongtoréng 
éta kabéh ciptaan 
Sang Hyang Tunggal, keur Inyana mah 
saruwa kabéh ogé 
taya bédana, 

Gusti teu ngawilah-wilah, tara cuweut kanu hideung 
tara ponténg kanu konéng, 
tara nanggeuy ti bongkokna, 

ngan hiji 
anu ngabédakeun jeung manusa teh 
nyaéta akal, 

anu matak jelema 
sok disebut mahluk 
nu pang mulya na.

Ditilik tina jungkiringna,
sidik lantip, 

ditéang tina kahayangna dalah rohaka,

disusud tina pangaweruhna 
dalah pinunjul, 

naon deui atuh 
nu disésakeun 
keur mahluk séjénna ?, 

hal ieu nu matak 
kacida bédana 
antara jelema jeung mahluk séjénna,

boga rasa jeung rumasana, 

boga naluri jeung jeujeuhannana, 

boga kahayang teu saengangna, 

hal ieu téh 
lantaran ku boga akal téa anu mahluk séjén mah teu bogaeun.

Naon atuh ari akal téh nepi ka  boga anggapan yén jelema anu dikersakeun boga akal bakal leuwih mulya?

Ari akal nyaéta : 
“hiji cahaya anu sumirat, nu nyaangan papadang rasa,
nu ngageuing kana ati sanubari 
nu nuyun nungtun lebah lulurung sangkan ulah kabéngbat di sisimpangan, 
sabab 
sariring dumadi saréngkak saparipolah, jelema mah 
moal weléh pinanggih jeung jalan sisimpangan, antara 
salah jeung bener”.

Tegesna akal téh 
nyaéta 
hiji cahaya anu ngebrak (Sunda) 
pikeun nyaangan 
rasa urang (obor) 
jeung keur 
ngageuing ati urang 
bisi boga pikiran 
anu teu parok jeung batur 
kalawan anu baris nungtun haté urang 
kana jalan anu lempeng  bener, 
sabab 
nya akal ieu 
hiji-hijina  pakakas urang pikeun ngabédakeun antara salah jeung bener.

Ku kituna, 
anu matak jelema disebut mahluk 
nu pang mulyana téh lantaran 
bisa ngagunakeun akalna 
dina jalan 
anu lempeng bener,
kalawan teu salah 
boh ceuk ukuran agama boh ceuk ukuran darigama.

Tapi aya ogé 
diantarana 
nu milampah 
hiji pagawéan 
anu leuwih hina 
batan sasatoan, 

sato onaman 
lamun kawin jeung indung 
atawa 
kawin jeung dulurna atawa 
jeung jodo baturna, 
éta dianggap sah lantaran sato teu pernah nyieun aturan hirup jiga kitu, 

tapi lamun jelema 
jiga kitu kira-kirana kumaha?, 

nu tangtu jelema samodel kitu mah 
moal disebut mulya lantaran jiga sato 
nu teu boga akal téa.

Mungguh 
kamulyaan sajati 
lir ibarat wawangunan anu weweg, 
alus tur gedé, 
hésé piruntuheunnana, sabab :

di tihangan 
ku tabé’at anu luhung, 

di hateupan 
ku kautamaan

di bilikan ku pamilih, 

di kutaan ku kasatiaan

di pandemen 
ku wawanén, 

di paku 
ku kapengkuhan,

di hias ku kapinteran

di parabotan 
ku pangaweruh,  

di ukir ku karajinan                                                                                           

Jalma ogé kitu deui, lamun 
martabatna mulya 
hamo towong 
di piomong, 

moal pegat 
di picangcam, 

sababna 
kamulyaan 
henteu kawengku ku waktu, 
langgeng 
dina wawangina.

Mulya 
teu bisa di ukuranan 
ku lubak libukna harta banda, 
atawa 
sugih pangarti  
jembarna pangabisa, 
tapi 
mulya na hiji jelema dilantarankeun 
ku ahlak kalakuannana, nu ngawengku kana tekad, 
ucap jeung 
lampahna, 

lamun kabéh ieu 
geus sapagodos jeung dirina, 

karék jelema pada-pada disebut mahluk 
nu pang mulyana.

Mungguh payuneun nu Maha Kawasa mah sakabéh mahluk 
nu kumelip dialam dunya ieu téh sarua, 

sarua diciptakeun 
ku Gusti 
nu hirup kalawan huripna dina aplakna séwang-séwangan, kalawan 
boga hak jeung kawajiban masing-masing.



3. 
NGACA

Ngaca 
hartina ngeunteung, 
yén urang kudu daek ngaca ka rigig pribadi,
ngaca kana réngkak paripolah sorangan 

saméméh urang meunteun goréng ka diri batur, 

geura ngukur 
ka tangtung kujur, 

geura nimbang 
ka tunjang awak, 

saliksik diri, 
rarampa rasa sorangan, 

bisi aya réngkak 
nu jadi matak, 

bisi aya gawé 
nu léléwodéh 
nu ngabalukarkeun gudawangna haté batur,

dina harti 
urang kudu bisa 
ngaji diri tur 
ngaji rasa .

Mun diri kacingcirihi, badan nu katempuhan ………..

Mun urang 
teu maké luang hirup 
lir ibarat 
kaleungitanan titinggalian ……, 

pareumeun obor pingaraneunana.

Ngaca,  
hartina ngeunteung, 

ngeunteung kana pangalaman diri urang sorangan 
nu kungsi ka alaman dina mangsa ka tukang, 

ngeunteung kana pangalaman nu séjén, ngeunteung kana sagala rupa nu pagiling gisik jeung urang sapopoé, 

kabéh éta bisa dipaké conto, 
bisa dipaké luang 
pikeun nangtukeun piléngkaheun lampah hirup urang kahareupna.

Ngaca 
atawa ngeunteung, 

lain ngan ukur dititah ngaca 
kana rupa jeung ngaran nu aya di sabudeureun urang wungkul, 

tapi urang ogé 
kudu daék ngaca 
kana jero-jeroan 
nu aya di diri urang, 

nu aya di diri batur, 

diri urang kudu di ajar ngajadikeun diri batur, 

diajar ninggali kahirupan batur, 

diajar ngarasakeun 
naon nu karasa ku batur, 

ku kituna 
urang bisa nyokot luang, 

luang lain ukur 
tina daluang, 

lain tina bincurang 
tapi oge ti papada urang.

Ngaca, 
tegesna 
ulah naléngténg Gusti kamana mendi, 
nepi ka poho ditemah wadi,  

kurang tilik 
kana pangaji diri, 

teu nolih ka barang bukti, migusti ka lahir, mibaraya ka harta banda, 

nu antukna 
kanu leutik ngirik-ngirik, 

ka sasama teu weléh nyacad, 

rigigna di mirip-mirip 
jiga santri, 

réngkakna hayang 
jiga ustad, 
padahal ?.

Geura intip dina 
basa budi, 

bisi keuna ku paribasa, abong  biwir teu diwengku, 
abong létah teu tulangan, ujarna sakaparan-paran, nu antukna 
loba jelema anu 
nyeri haté.

“Ulah ngagugulung 
nu méméh tepung, 

diparipih méméh papanggih, 

jauh-jauh ngajugjug maluruh puhu, 

anggang-anggang néangan kahadéan,  

nu  puguh mah 
aya di diri sorangan”


4. 
KASAHA

Kasaha, 
hartina 
kudu kasaha, 

ieu hiji pananya 
keur diri urang, 
lantaran 
urang rumasa 
yén diri urang keuna 
ku kasipatan 
nu teu sampurna téa, 

kukituna urang 
kudu daék tumanya, 
mun bodo kudu aléwoh, ngan 
lamun tumanya 
kudu kasaha ?, 

aléwoh téh 
kudu kanu mana ?, 

sabab 
lamun urang nanyakeun ka anu teu nyaho 
atuh sarua bodona, 

kukituna 
urang kudu daék 
nanya téh 
kanu nyaho, 
kanu ahlina 

“ tadaga carita hangsa, gajéndra carita banem, matsyanem carita sagarem, 
bangbarem carita puspanem”   

tegesna 
talaga baris capétang nerangkeun kanyahona ngeunaan hangsa atawa soang 
sabab 
soang hirupna 
deukeut kana cai, 

gajéndra carita banem, tegesna 
gajah baris capétang nerangkeun kaayaan leuweung 
sabab 
gajah ayana dileuweung, manéhna nu baris leuwih nyaho batan urang, 

matsyanem carita sagarem, 
tegesna 
lauk baris leuwih nyaho kana jerona jeung kaayaan laut 
(sagarem = sagara), 

pon kitu deui ngeunaan kembang, 
bangbara bakal leuwih apal kana kekembangan, mana nu seungit,jeung mana nu teu seungit.

Kasaha, 
urang  kudu ménta tulung, 

kasaha 
urang rék minangsaraya, 

kasaha 
urang kudu sumujud, 

kasaha 
urang kudu nyalindung, 

kasaha 
urang kudu ngajén, 

kasaha 
urang kudu barang béré, 

kasaha jeung kasaha, masih loba kénéh pananya nu ku diri urang kudu dijawab, 
sabab 
sakabéhna kudu merenah dina ngararapkeunana.

Didieu ngabuktikeun yén diri urang teu sampurna, 

hirup kudu gumantung kénéh kanu séjén, 

gumantung 
kana ka welas asihna Gusti, 

gumantung 
kana kanyaahna sasama, 

gumantung 
kana naon rupa kaayaan disabudeureun urang.


5. 
NYATANA

Nyatana 
ngandung harti  kanyataanana, 

yén urang kudu bisa narima kana kanyataan nu karandapan 
mangsa kiwari (tumamprak), 

urang moal bisa nawar, teu bisa di embung-embung, 

teu bisa dihayang-hayang, 

hirup urang geus 
di wengku ku katangtuan, 

geus dipapaés ku papastén diri 
ti hyang widi, 

yén 
jodo – 
pati – 
bagja jeung cilaka na 
hiji jalma 

éta kabéh 
kulak canggeum 
nu  geus ditangtukeun. Yén  
“ Papa kreta na dikalang murba”.

Diri sampiran, 
banda titipan, 
pangkat pupulasan, 
hirup lain keur ngumbara tapi 
di umbarakeun 
dialam pawenangan ieu, 

anu samangsa-mangsa baris 
disaur ku anu rahayu digupay kunu kawasa, dipiwarang  
mulih ka jati 
mulang ka asal, 

nu kawit ti anu 
Maha Suci, 
atuh 
kudu mulang ogé 
ka asalna.


6. 
LARA

Lara 
ngandung harti 
gering, 

tapi bisa dihartikeun oge nyeri.

Lara 
lamun rék dihartikeun gering, 

lain gering awakna tapi gering akalna, 

jelema lamun katarajang gering ku hiji panyakit dina awakna 
éta ukur ngariweuhkeun kudu ngaladénan, ngaméménan, 

da diri manéhna mah geus teu walakaya, 

tapi lamun jelema akalna geus katarajang 
ku hiji panyakit, 

lain ngan ukur ngariweuhkeun 
ku ngaladénan, 
tapi 
bakal nyusahkeun 
ka saréréa.

Lara 
ogé bisa dihartikeun nyeri, 

lain nyeri beuteung lantaran manéhna ngadahar lada, 
atawa 
nyeri  sirah, 
nyeri awak atawa 
nyeri nu séjénna, 
tapi 
nu dimaksud didieu 
nyeri haté, 

lamun hiji jelema 
geus nyeri haté, 

nu bodo ngadak-ngadak jadi pinter, 

nu éléhan ogé ngadak-ngadak jadi wanian, 

nu tara ambek oge ngadak-ngadak tipopolotot, 

kukituna mangkahadé poma ulah ngaraheutan haté batur bisi nyerieun hate.



7. 
MAWA BAYA

Mawa baya 
ngandung harti yén 

sakur jelema mamawa pibahayaeun  

boh keur dirina sorangan atawa 
keur nu séjénna.

Pibahayaeun ieu téh moal leupas tina kahirupan jelema 
salila manéhna hirup, sabab 

tina ucapan bisa jadi bahaya, 

tina réngkak paripolah bisa jadi bahaya, 

tina sagala rupa usik ning jalma éta kabéh ngakandung pibahayaeun, 
boh keur dirina 
atawa
keur anu séjénna.

Teu saeutik jelema cilaka alatan salah ngomong, 

ogé teu euweuh 
jelema cilaka alatan salah dina paripolah,

Salamet jeung cilakana hiji jelema 
gumantung kana 
tékad, 
ucap jeung 
lampahna.

Lamun jelema boga tékad paniatan anu hadé mangka hasilna ogé baris hade,

lamun jelema alus basana,
soméah daréhdéh, 
daék ngajén ka batur, tinangtu 
batur ogé ngahargaan.

Ari panyakit 
nu ngancik di diri urang salian ti bodo, 
poho 
salah jeung balangah téh aya deui, 
diantarana :

Mumungkaleun
Teuas hate
Panjang panglamunan jeung
Sarakah


Mumungkaleun, 
hartina 
Kedul miyuni mungkal (batu), 

mun geus cicing téh hésé ingkahna,

ngedulna diborong 
ku sorangan, 
tegsna 
horéam na téh 
loba alesan.

Ciri-ciri na jelema nu mumungkaleun :

Mun dititah sok wani mondah, 

mun dipiwarang 
teu weléh mungpang

Mun nginum 
hayang kari rot, 

mun dahar 
hayang kari am

Hayang dialem 
jiga dalem

Hayang diladén 
jiga gegedén

Teuas haté, 
hartina 
hésé dipapatahan 
ku batur,

Ciri-cirina jelema nu teuas haté :

Mun diwuruk .kalah ka pundung,

mun di wejang 
kalah ka mulang,

digeuing 
kalah nampiling, 

mun di hulag 
kalah ka nyégag,

mun dicawad 
kalah ka nyacad, 

hirupna kumaha aing,

asa aing pang benerna, batur mah salah kabéh…………

Panjang panglamunan, hartina 
sakabéh cita-citana 
ngan ukur dina lamunan.

Diuluran kulamunan ditataran ku ciptaan, 

ngalamun kitu 
ngalamun kieu, 
kabéh teu jeung prakna, 

ceuk kolot téa mah 

loba catur tanpa bukur ,

loba carita euweuh nu nyata, 

sakabéh ukur 
dina cita-cita, 

ngajentul jiga tihul, anteng manteng ulin jeung implengan, 

nampuyak jiga lempah, nu antukna ringkang bugang diganggayong 
ku kahayang.

Sarakah, 
hartina makmak-mekmek, tegesna 

sagala rupa kudu keur sorangan,
batur mah 
teu kudu kabagéan.

Kasarakahan jelema 
aya leuwih ti batan sato, 

begu onaman 
lamun ngukuy sampeu ngan butuh beutina wungkul, 

tapi jelema mah 
apan butuh jeung daunna jeung tangkalna.

Ciri-ciri jelema sarakah :

Pamundutna salaput hulu, 

kahayangna 
mapakan méga,

Kanu leutik ngirik-ngirik, kanu gedé dépé-dépé

Tihothat hayang hirup luhung mun geus jeneng jiga nu silung

Nipu batur tara kalarung, nyacad ka sasama mah geus biasa

Batur mah teu weléh salah, asa diri pang benerna

Rigigna jiga santri padahal jurig nu nyiliwuri

Réngkakna jiga ulama  padahal ganggarangan nu keur nyamar

***