Harita wengi rebo,tabuh 2,15 janari,kuring rek rerebahan sare,saentos sadayan kabiasaaan wengi tos cumpon biasana,hp jadi aya nu nelphon di wa....nya kuring nu malesan ku chat wa.....saentos kitu ngawaler na.....engkong sare acan, iyeu asep oray hoyong ngopi.....pok nateh. Nya ku kuring titah ka engkong....teu kungsi lami aya datang dua an jeung juru tulis dopil.
Sor kuring nyuguhan dua gelas robusta buhun......sabari ngobrol di selang ngebul haseup roko tina baham masing masing di selang nyeruput kopi.
Naha kunaon teu di arep arep, teu di kira kira,teu di penta......oray eta masihan haseup peurah tilu lodong bari nu ka opat lodong na di tiup babarengan.....
Kacatur enjing na,nya ti enjing keneh tos nyaring kuring lantaran sono kana rasa jeung wangi na haseup peurah eta pangabeuki kuring ti bubudak lengoh keneh.
Beres kabiasan duha 3 takbiran,rengse ngahanca tadarusan,nya kuring pindah ka tengah bumi bari kopi panas,original arabica sunda akur wine malabar.....
Nya kuring prak kana kabiasaan utama neruskeun ngudag kuduna Al Qur,an nyepeng ageman na Dua urang djalal..harita dina surah ka 6 an nahl ayah ka 1 dugi ka 5.
Kuring ngarasa bungah sabab ayah ka hiji dugi ka ayah 5,kuring di pasihan nyaho ku Alloh lewat Rosululloh saw dina Al Qur,an, nyaeta Alloh eta ngan Anjeun Na anu tos nyiptakeun caang jeung poek anu boga na sakabeh puja puji Na,
Kuring di pasihan deui uninga ku Alloh dina hal asal muasal diri,sabab ngan hanya Alloh eta nu mampuh nyiptakeun kuring wiwitan na serta kuring di bere ka tegesan nyaeta enggeus tangtukeun ayana azal wekasan na diri kuring di dunya.....maot ngaran na.
Kuring di pasihan terang,jelas yen kuring kudu nepi ngarasa yen sesembahan kuring eta ngan hungkul Alloh nu kudu ku kuring di pupuja di pupuji,eta teh Alloh anu Maha Uninga kana sagala perkara.
Kuring di parentah ku Alloh liwat Rosul saw ku Al Qur,an ieu yen kuring kudu prak tuturkeun naon naon nu jero eta Al Qur,an kade ulah rek mengkol nyalahan, tina sikep tina caritaan,tina omongan,kana Al Qur,an sabab teu beunang di bohongkeun,lain lulucon,kaheureuyan guyonan mun kitu kalakuan eta kafir cek Alloh.
Alloh nitah ka kuring supaya ka panggih kalawan sidik,bukti, nyata,karasa ku kuring sorangan mangka kuring kudu leuleumpangan di muka bumi,heug cokot pangajaran Na tina tetenjoan,dedengean,aambeuan,caritaan nu tumiba ka diri sorangan.
Kabiasaan saterusna nya kuring arek dadaharan sangu,nembe oge aya sakirana saparapat piring sangu tos di emam.....hp kuring aya nu nelphon teu aya namina manawi nomor enggal.....
Rupina adi kuring nu ka 8 sahid mahdi nu netep di bakasih masihan khabar duka,harita tos tabuh 11 siang,yen ka iwan maot........
Kuring reuwas bari acan yaqin....da nembe khabar ti bekasih......innalillahi w inna ilaihi roojiuun....
Dadaharan di teruskeun sabiasan.....nembe....hasep satengah lodong di tiupkeun...tadi sabari ngopi satengah lodong mimiti seep di tiupkeun.
Adii kuring nu ka 3 mujib saharamdan aya ngajak ngalayad ka jakarta,di pangdumukan adi awewe nyimas pupah jeung salakina ka iwan di kota.
Kuring teu kapikiran milu ka ditu....rarasaan asa embung narima kanyataan,hate ngaharep pisan sing ulah adi kuring nu kitu cek khabar.....tapi dina bener na memang hate kuring nyaho,salaki adi kuring ka iwan nu maot teh........
Naha kumaha da eta rebo,8 maret 2023 eta kudu niupan peurah dina lodong....