Rabu, 20 Juli 2022

uubar ka cianjur

rebo,20 july 2022

dina salami peuting tadi pun bojo sesek nafas na kambuh dugi ka siang.

rasa na kula honcewang bari bingung.....

ki abdulloh ti sigeung gunung luhur aya silaturahmi,atuh ku kula di penta sareat na......

oge aya kang solihin ahkli kopi robusta ti palahlar nuju aya kaperluan butuh green bean robusta......

nya sabada juhur kula mutus keun yen bojo kudu berobat ka dokter dodiet di cianjur sanajan kula teu boga duit na.

nya aya 1.400.000.- 
duit titipan atuh ku kula di pake pinjem heula
bral.....

Selasa, 19 Juli 2022

beberan duit ti boss haji

wengi rebo,sabada isya,19 july 2022
kula di wa ku haji nana mulyana anu kamari senen tos dugi di bumi na uih ziarah nyumponana rukun islam nu ka lima.

kula boga janji ka lurah ajat, yen korsi kedai kopi sohor pait na sohor rarasaanna nu ngahutang ka lurah ajat dua set korsi caffe jeung opat set meja lesehan anu harga na lima juta dalapan ratus eun.

haji nana mulyana nambihan mayar jual beli sawah satengah hektar nu mana haji nana mulyana mung tiasa masihan lima juta.
sanajan kula miharep saeutika bisa mere sapuluh juta an mah.

duit pamayaran sawah nu lima juta eta  di bayar keun ka lurah ajat tilu juta heula nu katarima ku lurah ajat di tambah saratus lima puluh rebu mayar kaos sunda akur lurah ajat.
jadi ringkesna lurah ajat tos narima 3.150.000

1.850.000.-
sesa mayar ka lurah ajat ,di pake meuli rokok jeung mayarbadministrasi transfer na 100.000
di pake mayar kaos sunda akur inohong 3 potong 400.000,.

sesa na aya 1.350.000.-
lurah ajat menta kaos sunda akur deui 4 potong nu duit na 500.000 ,- eun

jadi sesa duit ti haji nana mulyana eta kari
850.000,-

moal di berekeun sesa na ka inohong.....
lantaran kedai kopi sohor paitna sohor rarasaan na....masih boga kawajiban ka kula 320.000. hutang kopi roastbeaan
200.000,-hutang lurah awal bubuka
340.000,-hutang malikeun urut nu ngaropi

cag



KORSI KEDAI KOPI SOHOR PAITNA SOHOR RARASAANNA

SALASA 19 JULY 2022, RASA KULA

salasa,19 july 2022,14:44 wib

sabada duhaan dinten ayeuna kula,ngan ningalian hp we nyakseni group  Paguyuban Masyarakat Jawa Barat  Sunda Akur nu ku kula di hudangkeun saentos Lima tahun di suwungkeun sagalana ari iwal ti sukma jeung hawa auban na nu teu dinsuwungkeun teh.

nya nu jadinpamikiran panasaran teh poe ieu nya di antara na....
eta perkara kaos Sunda Akur nu nuju di cetak ku kang datuk....jajaran sunda akur....masihan kamudahan nya eta di bayar mun pesanan na masing masing ka tarima.

eta nu di pikarep kula ka kanca sunda akur teh minangka bukti yen diri pribadi sadaya kanca Sunda Akur teh tos uninga bari sidik,bukti nyata tur karasa ku sorangan,lain batur.

ari nyunda eta sidikna di usik malik diri eta bukti nyata ucapna,tekadna,usikna......tunggal dina caangna.

moal nyulayaan kana ucapan na sorangan dina prak na,ku sabab tekad dirina diucapkeunnku lisanna sorangan kasaksinku sorangan,jadi bukti nu nyata dina tingkah pari polahna sa renghapan satarikan nafas dina hirup na.

aya nu saenyana hayang nyata diantara na Kang Maskun Tunggal kanca sunda akur ti Bantar kuning Cariu,anjeuna tos masihan lunas kanggobTilu potong kaos Sunda Akur .
sanajan eta dina buktina,kula mikarep pesenan kang maskun tiasa kaanggo wengi saptu,16 july 2022,lantaran aya undangan Inohong Sunda Akur silaturahmi bari ngopi di kedai kopi sohor paitna sohor rarasaanna.

eh malah dina pesenan bagian katilu nakeun ge ampir teu ka catet ku ki datuk teh.....
malah sakalian menta ladangna pesenan nu pang heula na anu karak di bayar Lima belas potong kaos,masih aya sesa barang dalapan potong deui.

kula ngarasa bungah nalika kanca sunda akur ti nyengcle ki haji rohman,balad na uyut cucun datang nyokot kaos pesenan nana genep potong,hanjakal kula jadi kuciwa,sabab  mun eta di bayar,kula bisa nambahan mayar ka tukang kaos ki datuk.

duh sulaya tina kanyataan dumasara tina pangharepan.

oge kula panasan deuih,eta si mpadz nu saenyana kula ngarojong manehna kelola kedai kopi sohor paitna sohor rarasaanna eta sakuat kamampu kula.

nyatana eta si mpadz sarua jeung deni nu boga kahayangna, sulaya tina ucapan na .....padahal kula geus nyarita kula geus pileuleuyan jeung kedai ti mimiti petingan jum'at 15 july 2022.

malah nulis,"kawas ka budak,asa pang aingna.....

😂

Sabtu, 16 Juli 2022

SA BODO TEUING AHK

saptu,16 july 2022

sore sabada ashar kuring saperti biasana ...diuk di tengah imah bari nyarande kana dingding sarta kopi jeung udud na sayagi.

kabiasaan anu matuh ti saprak tara lunta ka ditu ka dieu....ngan nu lumampah na mah pikiran mapay mapay tutulisan tina buku buku,tina internet tina naon we nu keur di garap
dina wayahna.

saperti sore ayeuna pisan,kuring keur nyusul kapanasaran nu can sagemblengna ka surti...
nyaeta gering na pun bojo kuring....saentosna dua bulan kasakit...ti saprak kuring ngarojong majengna kedai kopi sohor paitna,sohor rarasaan na jeung ngageuing hudang prak paguyuban masyarakat jawa barat sunda akur...ti harita nepi ka ayeuna pisan pun bojo acan pulih sehat sebiasa na.

ari pamanggih kuring nitenan hasil lalandong ka unggal dokter ge...ning nyata na nu katarima bojo kuring teh....eta obat obat nu ka candak nu kudu di inum teh malah nambah kapayah ku pun bojo....nya atuh ku kuring di caram ulah di inum deui.

ari nu jadi ka panasaran kuring mah....
nya kieu...pun bojo sa entos cek up. konsultasi sareng dokter nu terakhir kamari cenah jeroan sehat darah sehat,raga sehat....

ieu mah ubar na iwal ti diri sorangan jeung salaki.........

tah ...atuh ari bisa nyaritakeun piubaren na bari enya aya di kuring....heug jelaskeun...babarkeun....sing jentre....
ulah ka ditu ka dieu nyarita bari teu puguh....
bari teu puguh kudu kumaha atuh kuring teh...

kuring nepi ka nga heu,euhan moal campur gaul deui kaluar jeung waladia balad sunda akur nu ku kuring geus di geuingkeun.
kuring ngaheueuhan moal rek nitenan kedai kopi sohor paitna sohor rarasaanna sanajan eta kedai masih keneh aya tagihan kuring.

naha iyeu ubar teh....
tambah panasaran tambah poek we...
pikiran kuring mun di pikiran mah...
sabodo teuing kuring mah ah
kitu kieu ge ngan gusti nu maha suci
nu ngusik malik keun kuring jeung sakabeh mahluk na....
cag

Kamis, 14 Juli 2022

UBAR NA DIRI PUN BOJO CENAH KULA

duh .........
gusti nu maha suci,
abdi nampi abdi rumasa
salami iyeu abdi rumah tangga
sasarengan sareng pun bojo 
dina milampah kahirupan  iyeu
sanaos gening abdi sakuat upayana
supaya teu kaluar tina jalan nu caang
pikeun ka tengtreman lahir bathin
khusus na kulawarga abdi
umum na sadaya papada mahluk gusti

duh ......
gusti nu maha asih
abdi ngarasa isin ajrih kundiri sorangan
di sangka salila iyeu abdi teh tiasa ngarasakeun.....
kana rasa hitup nu jadi bojo abdi
mana horeng anjeuna ngarasa tos teu kiat
dina narima ka kasaran ucapan sareng budi na
diri kula nu sok sakapeung jadi idajil gening

duh.....
gusti nu maha murah
abdi nalangsa....abdi rumasa.....abdi.....
di sangka iyeu diri teh tos tiasa narima caang
tur tiasa babagi caang saalitna ka bojo sorangan.....
ka anak anak pribadi sorangan
ka minantu minantu sorangan
ka incu incu sorangan

mana horeng nyalahan gening

duh......gusti sesembahan abdi
tulungan abdi gusti kaulanun
tulungan abdi.....

mung ka gusti nu ahad abdi nyalindung
mung ka gusti nu maha kawasa 
abdi sumerah

tulungan abdi .....

gagambaran buah dua bulan jalan kedai kopi sohor paitna sohor rarasaan na

KEDAI KOPI SOHOR PAIT NA SOHOR RARASAAN NA

kemis,14 july 2022
sabada ashar,sa acan isya......

kemarin jum'at 27 mei 2022, hari itu adalah prlaksanaan pengelolaan kedai kopi sohor milik bumdes sirnarasa .

sebelumnya kedai kopi sohor ini di kelola oleh orang bumdes sendiri yang bertahan beberapa
bulan karena saat itu masa vandemik covid 19
yang mengakibatkan tutup.

atas restu pamanku yang dari sumedang serta restu ahkli kopi beoheon ranca kalong sumedang , maka hari jum"at malam saptu jam 18.30 wib... 

kalayan ngucap bismillahi .....
kedai kopi inohong sohor di buka.

engkong nalika eta ngadorong modal kopi roastingan, robusta sa kilo sareng arabica wine 250 gram arabica lanang 250 gram.

gancang babaran na....
dina perjalanan pengelolaan eta kedai kopi sohor tos sabulan jalan,tepatnna saptu,27 june 2022

mimih ngadadak teu sehat,nalika eta aya ki anang.....mangka mimih di anteur ku ki anang
ka dokter....sadayana tutup,mung aya bidan nu kersa nulungan.

mimih kena hypertensi........
gancang babaran
mimih tos lalandong ka tiap dokter dugi ka rsud serta ka dokter ahkli.

alhasil
mimih notmal...daleman sehat,jasmani sehat
mung iyeu mah pikiran na ......

engkong ge ngaraos...
salami ngadorong eta kedai kopi sohor pait na
sohor rarasaan na lain kalah meunang bati malah narima pait...

harga kopi na tos di murahkeun di hutang deui
nalika tamu tamu di undang jang sawala na di kedai kopi sohor tempat na....lin karah mayar minangka dukungan malah ngahutang teu tanggung jawab.

nya akhir na engkong nu nalangan heula ku kopi toastingan nepi ka kopi nu aya seep.

dina waktuna balanja engkong belaan ngagadekeun motor anak nu dintitipkeun ka 
mimih 2 juta.

mimih nalika motor di gadekeun eta uih berobat ti rsud.....
mimih ngambek nepi ka jadi deui kasakit na.

nepi ka engkong ge ngarasa keuheul ka lurah pemilik bumdes...pemilik kedai kopi dina salam dua bulan ieu naha ngan mere modal na teh 160 rb bari eta oge engkong hutang injeum heula sanajan geus di bayar ku lurah bari telat.

duh....
saenyana mimih eta ngabathin , 
engkong balik ngahudangkeun sunda akur teh
da pan pengelola an eta kedai kopi teh minangka kedok na sunda akur hudang deui bari prak tumindak dina galur na....pikeun ngahontal ka ayeuman lahir bathin sadayana saalam na sa bangsa na sa nagara na sa dunya na.......
duh......
geuning engkong teh geus kacida salah na
pikeun mimih mah.....
sanajan engkong teh keur prak ngajuangkeun rasa ayeum pikeun sakabeh na....

cacakan mun teu salah mah meureun 
eta mimih mial narima beubeurat pikiran nepi ka gering ti mimiti ngadegna kedai kopi eta nepi ka dua bulan jalan..... .

duh .....
gusti nu maha suci....
abdi nampi leupat dina angkeuhan
gusti nu langkung uninga....kana sagala ayana abdi nu lemah.....

duh ..... 
gusti nu maha agung
abdi nampi tur rumasa
hapunten abdi gusti
cag