Selasa, 19 Juli 2022

SALASA 19 JULY 2022, RASA KULA

salasa,19 july 2022,14:44 wib

sabada duhaan dinten ayeuna kula,ngan ningalian hp we nyakseni group  Paguyuban Masyarakat Jawa Barat  Sunda Akur nu ku kula di hudangkeun saentos Lima tahun di suwungkeun sagalana ari iwal ti sukma jeung hawa auban na nu teu dinsuwungkeun teh.

nya nu jadinpamikiran panasaran teh poe ieu nya di antara na....
eta perkara kaos Sunda Akur nu nuju di cetak ku kang datuk....jajaran sunda akur....masihan kamudahan nya eta di bayar mun pesanan na masing masing ka tarima.

eta nu di pikarep kula ka kanca sunda akur teh minangka bukti yen diri pribadi sadaya kanca Sunda Akur teh tos uninga bari sidik,bukti nyata tur karasa ku sorangan,lain batur.

ari nyunda eta sidikna di usik malik diri eta bukti nyata ucapna,tekadna,usikna......tunggal dina caangna.

moal nyulayaan kana ucapan na sorangan dina prak na,ku sabab tekad dirina diucapkeunnku lisanna sorangan kasaksinku sorangan,jadi bukti nu nyata dina tingkah pari polahna sa renghapan satarikan nafas dina hirup na.

aya nu saenyana hayang nyata diantara na Kang Maskun Tunggal kanca sunda akur ti Bantar kuning Cariu,anjeuna tos masihan lunas kanggobTilu potong kaos Sunda Akur .
sanajan eta dina buktina,kula mikarep pesenan kang maskun tiasa kaanggo wengi saptu,16 july 2022,lantaran aya undangan Inohong Sunda Akur silaturahmi bari ngopi di kedai kopi sohor paitna sohor rarasaanna.

eh malah dina pesenan bagian katilu nakeun ge ampir teu ka catet ku ki datuk teh.....
malah sakalian menta ladangna pesenan nu pang heula na anu karak di bayar Lima belas potong kaos,masih aya sesa barang dalapan potong deui.

kula ngarasa bungah nalika kanca sunda akur ti nyengcle ki haji rohman,balad na uyut cucun datang nyokot kaos pesenan nana genep potong,hanjakal kula jadi kuciwa,sabab  mun eta di bayar,kula bisa nambahan mayar ka tukang kaos ki datuk.

duh sulaya tina kanyataan dumasara tina pangharepan.

oge kula panasan deuih,eta si mpadz nu saenyana kula ngarojong manehna kelola kedai kopi sohor paitna sohor rarasaanna eta sakuat kamampu kula.

nyatana eta si mpadz sarua jeung deni nu boga kahayangna, sulaya tina ucapan na .....padahal kula geus nyarita kula geus pileuleuyan jeung kedai ti mimiti petingan jum'at 15 july 2022.

malah nulis,"kawas ka budak,asa pang aingna.....

😂

Tidak ada komentar:

Posting Komentar