sore sabada ashar kuring saperti biasana ...diuk di tengah imah bari nyarande kana dingding sarta kopi jeung udud na sayagi.
kabiasaan anu matuh ti saprak tara lunta ka ditu ka dieu....ngan nu lumampah na mah pikiran mapay mapay tutulisan tina buku buku,tina internet tina naon we nu keur di garap
dina wayahna.
saperti sore ayeuna pisan,kuring keur nyusul kapanasaran nu can sagemblengna ka surti...
nyaeta gering na pun bojo kuring....saentosna dua bulan kasakit...ti saprak kuring ngarojong majengna kedai kopi sohor paitna,sohor rarasaan na jeung ngageuing hudang prak paguyuban masyarakat jawa barat sunda akur...ti harita nepi ka ayeuna pisan pun bojo acan pulih sehat sebiasa na.
ari pamanggih kuring nitenan hasil lalandong ka unggal dokter ge...ning nyata na nu katarima bojo kuring teh....eta obat obat nu ka candak nu kudu di inum teh malah nambah kapayah ku pun bojo....nya atuh ku kuring di caram ulah di inum deui.
ari nu jadi ka panasaran kuring mah....
nya kieu...pun bojo sa entos cek up. konsultasi sareng dokter nu terakhir kamari cenah jeroan sehat darah sehat,raga sehat....
ieu mah ubar na iwal ti diri sorangan jeung salaki.........
tah ...atuh ari bisa nyaritakeun piubaren na bari enya aya di kuring....heug jelaskeun...babarkeun....sing jentre....
ulah ka ditu ka dieu nyarita bari teu puguh....
bari teu puguh kudu kumaha atuh kuring teh...
kuring nepi ka nga heu,euhan moal campur gaul deui kaluar jeung waladia balad sunda akur nu ku kuring geus di geuingkeun.
kuring ngaheueuhan moal rek nitenan kedai kopi sohor paitna sohor rarasaanna sanajan eta kedai masih keneh aya tagihan kuring.
naha iyeu ubar teh....
tambah panasaran tambah poek we...
pikiran kuring mun di pikiran mah...
sabodo teuing kuring mah ah
kitu kieu ge ngan gusti nu maha suci
nu ngusik malik keun kuring jeung sakabeh mahluk na....
cag
Tidak ada komentar:
Posting Komentar