Kamis, 14 Juli 2022

UBAR NA DIRI PUN BOJO CENAH KULA

duh .........
gusti nu maha suci,
abdi nampi abdi rumasa
salami iyeu abdi rumah tangga
sasarengan sareng pun bojo 
dina milampah kahirupan  iyeu
sanaos gening abdi sakuat upayana
supaya teu kaluar tina jalan nu caang
pikeun ka tengtreman lahir bathin
khusus na kulawarga abdi
umum na sadaya papada mahluk gusti

duh ......
gusti nu maha asih
abdi ngarasa isin ajrih kundiri sorangan
di sangka salila iyeu abdi teh tiasa ngarasakeun.....
kana rasa hitup nu jadi bojo abdi
mana horeng anjeuna ngarasa tos teu kiat
dina narima ka kasaran ucapan sareng budi na
diri kula nu sok sakapeung jadi idajil gening

duh.....
gusti nu maha murah
abdi nalangsa....abdi rumasa.....abdi.....
di sangka iyeu diri teh tos tiasa narima caang
tur tiasa babagi caang saalitna ka bojo sorangan.....
ka anak anak pribadi sorangan
ka minantu minantu sorangan
ka incu incu sorangan

mana horeng nyalahan gening

duh......gusti sesembahan abdi
tulungan abdi gusti kaulanun
tulungan abdi.....

mung ka gusti nu ahad abdi nyalindung
mung ka gusti nu maha kawasa 
abdi sumerah

tulungan abdi .....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar