Sabtu, 11 Maret 2023

layon ki adi di taneh bapak aki

Sabada juhur kuring masih diuk di imah dina kabiasaan....hp nyambung di jakarta adi kuring mahdi oge adi mujib nyarita na mang waseh ajak mantuan sina jadi jejer kokolot jang narima mayit ki adi nu di teang ku tunggul rahayu kuring.
      Nya mang waseh saged,saterusna kuring ngahadep ka bapak aki menta tuduh beulah mana nu kudu di gali,saenggeus kuring nitahan si halimah nyusul nu biasa ngagali makam.
      Ngagali makam di hareupan ku 10 urang wanci jam 5 ge tos anggeus.
      Mayit ki adi datang tabuh 10 wengi,kaleresan wengi kemis eta aya pangaosan mingguan,atuh jamaah nu mang shalat keun mayit rempeg,rahayu ki adi,oge nu ngalayad sanajan teu di ibarkeun karabat ti umi pun karabat ti bapak aki,tatangga nu karib pada datang ningali.
       Wanci tabuh 12 wengi penguburan beres,di tambih di aoskeun ku mang waseh saparakanca.
      Adi kuring pamajikan ki adi balik ka jakarta jeung rombongan na oge suan kuring jeung minantu jeung incu na.
      Duh ki adi....kuring beki tambah poe teh rasa hate nalangsa hanjakal dina ka rumasan geus lali ngaraksa ngariksa .....hampura ki adi......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar