Jumat, 03 Desember 2021

WAKTU

Duh diri nu bodo temenan
Bari teu daya teu upaya

Naha naon atuh eta waktu teh
Kumaha nyata na waktu ieu

Sabab nu tumiba ka diri 
Ka saha bae sing mahluk
Eta waktu tetep ngaangliputan

Waktu 
Nyata na bisa ngeunah 
Nyata bisa teu ngeunah

Waktu
Buktina bisa caang atawa poek

Waktu 
Karasa na bisa bungah atawa sedih

Waktu
Waktu 
Waktu

Na naon atuh waktu teh
Sakabeh mahluk teu bisa naklukeun
Kana eta nu ngaran waktu
Sabab.....

Kabeh ge bakal nepi kana akhir na
Beak dina waktu diri na
........duh waktu.....
 
Naon naon ge....
Sakabeh perkara ge
Ka tungkul ku waktu na

Duh 
Waktu

Tidak ada komentar:

Posting Komentar