[8/10 00.37] Aing: Jati Buhun
(ᮏᮒᮤ ᮘᮥᮠᮥᮔ᮪/جَتِ بُحُنْ) mangrupa ajaran titinggal ti Pamuunan (karuhun Buhun),
nu tadina ti ajaran Buhun nu ngajati, nu geus aya jauh seméméh urang Sunda diaranan Sunda, jauh saméméh bangsa India ngaradegkeun karatuan di taneuh Pamuunan.
Malah mah jauh saméméh Karatuan (karaton/kraton) Salakanagara salaku karajaan nu pang mimitina aya di taneuh Pamuunan tur di Nusantara,
ngadeg di-adegeun
ku bangsa India nu ngaranna Dewawarman
Silangrua nyaéta tinurup Jati Buhun nu mangrupa gambar Ajaran Jati Buhun di ajarkeun turun-tumurun tinu Pikukuh-pikukuh nu eusina téh mangrupa papatah jeung pépéling.
Situs gunung Padang
di kabupaten Cianjur provinsi Jawa Barat nyaéta situs megalitikum titingalan Pamuunan Buhun nu pang geudéna di Asia Wétan ngidul katut pang kolotna di dunya
Punggelan Sajarah Jati Buhun mimitina mah ajaran bangsa urang téh euweuh ngarana, ku lantaran sakabéhna ogé ngagem kanu ajaran nu sarua, nyaéta ageman ti Pamuunanna sorangan, lain ti bangsa séjén.
Tapi ku lantaran dararatangna bangsa deungeun ti India, nu ngaradegeun karatuan, bari jeung mararawa agemana sorangan, nyaéta
ageman Hindu-Budha,
ku lantaran kitu jadi aya ageman séjén di taneuh Pamuunan.
Tapi sanajan kitu, rahayatna nu teu pati paduli mah angger kénéh ngagem kana ageman ti pamuunanna sorangan. Sedengkeun rahayat nu jadi pangaula karatuan mah, saeutik lobana agemanna téh jadi ngilu kapangaruhan ku agemam karatuan nyaéta Hindu-Budha.
Ieu téh nu mimiti ngajadikeun ayana
tilu ageman, nyaéta ageman rahayat ti pamuunanna sorangan, ageman rahayat nu mangaula ka karatuan, jeung ageman nu ngawasa di karatuan.
Ageman rahayat ti Pamuunanna sorangan éta nu ngajadikeun ayana ajaran Jati Buhun ayeuna.
Nu ajaranna euweuh patula patalina jeung ajaran karajaan naon waé.
Ageman rahayat ti Pamuunanna sorangan, turun-timurun diajarkeun ka katurunan katurunanna nu tungtungna nepi ka
Puun Awat.
Aki Unté
nyaéta incuna
Puun Awat,
ku lantaran aki unté kapapaténan ku indungna di umurna nu leutik kénéh, reujeung Puun Awat ogé ngan hirup duaan jeung pamajikannana dilahan tatanén nu notoang,
ku lantaran kitu, aki Unté basa keur leutikna tungtungna milu cicing di Puun Awat,
Puun Awat téh
nyaéta mangrupa
aki ti indung aki Unté.
Salila Aki Unté cicing di Puun Awat,
Puun Awat ngajarkeun ka Aki Unté ajaran Ageman rahayat ti Pamuunanna sorangan,
nyaéta ageman Buhun nu ngajati atawa Buhun nu murni kénéh.
Ku Puhu Nono éta ajaran Buhun nu dianggap murni téh dijatikeun atawa di murnikeun deui, nyaéta
diberesihan tinu sagala rupa pangaruh-pangaruh agama-agama deungeun jeung pangaruh-pangaruh ajaran séjénna,
tur disaluyukeun nyaéta disaluyukeun jeung kamajuan jaman supaya ulah kaséséréd ku caah modérenisasi.
Da cenah modérenisasi jeung teknologi mah lain ajaran idéologi agama, jadi éta mah ngan saukur cangkangna hungkul
ari eusina mah nya angger kénéh nyaéta ajaran Jati Buhun,
nu nepi kaayeuna éta ajaranna téh disebutna ajaran Jati Buhun.
Pangulikan kahirupan
Ajaran Jati Buhun mah percaya yén di jeroning diri jelema hirup téh
aya tilu bagéan diri
teu leuwih jeung
teu kurang,
tilu bagéanna téh nyaéta:
tilu bagéan
di jeroning diri nu hirup (bisa ngajadi tur gumerak)
Waruga
nu ngajadikeun jelema bisa aya kalawan nyaan.
Sukma
nu ngahiub dina uteuk
nu ngajadikeun jelema jadi hirup.
Nyawa
nu ngahiub dina jantung nu ngajadikeun jelema ngajadi.
Jéjér Béas :
Pikukuh Kahirupan
Euceuk Puhu Nono (pamuka ageman Jati Buhun)
ajaran Jati Buhun téh mangrupa
bahan élmu pangaweruh titinggalan karuhun Buhun
nu diguruan ku kanyaanan tur pangalaman mangrébu-rébu taun, jeung mun daek medarkeun kanu pamikiran moderen mah bakal ngamunculkeun élmu pangaweruh
nu bakal muka bongbolongan sagala rupa.
Salah sahiji contona metakeun asalna jadi jelema minurut ajaran Jati Buhun di handap ieu:
Sel mani
nyaéta waruga nu ngabogaan sukma
jadi sel mani bisa kokoséhan maké buntutna,
ari sel endog
nyaéta waruga nu ngabogaan nyawa
jadi sanajan sel endog teu bisa gerak ogé tapi bisa teu buruk nepikeun ka sababaraha waktu.
Mangka hahijina
sel mani nu mawa waruga jeung sukma, tur sel endog
nu mawa waruga jeung nyawa,
bisa ngahijikeun waruga, Sukma, jeung nyawa
dinu hiji jirim,
jadi manjing jang ngajadi jeung ngawentuk kahirupan anyar.
Sedengkeun kloning mah tangtu teu make sel mani,
jadi perlu bantuan
kejut listrik jang ngahudangkeun Sukma.
kanyaanan tetempoan moderen ngabahas asal jelema jadi (reproduksi) diténjo tinu
ajaran Jati Buhun
Hadé, Goté, Jeung Hapa ngageugeuh di jeroning diri jalma
ceuk ajaran Jati Buhun mah, hadé jeung goté katut hapa (teu hadé tur teu goté) kalakuanna téh geus aya di jeroning diri urang sorangan,
tinggal urangna apa arék ngalampahkeun kalakuan hadé, atawa arék ngalampahkeun kalakuan goté, atawa arék ngalampahkeun kalakuan hapa.
Ku ayana Pamaheg
nu agem di jeroning diri jelema,
mangka sakuduna mah jelema téh
bisa ngabédakeum
mana kalakuan nu hadé jeung mana kalakuan nu goté,
ku ayana pamaheg ngajadikeun jelema
jadi nyaho
mana nu disebut kalakuan hadé jeung mana ni disebut kalakuan goté.
Ku kituna,
mun hayang jadi jalma nu hadé kalakuana téh, teu kudu diajar,
lantaran diajar mah lain supaya jadi hadé,
tapi supaya jadi pinter.
Jelema nu hadé kalakuannana can tangtu pinter jeung
jelema nu pinter gé
can tangtu kalakuanna hadé.
ku lantaran hadé jeung pinter mah
mangrupa
dua pangabisa nu béda.
ku kituna supaya jadi hadé kalakuannana nu dibutuhkeunna téh
lain papagah
tapi pépéling.
Mangka ku kituna Pikukuh Jati Buhun mah eusina téh
lain ngan saukur Papatah hungkul tapi aya ogé Pépéling nu ngélingkeun, nu ngajadikeun
ayana kasaimbangan
di jeroning ajaranna téh.
Nu ngabaruhun gé nyaladar yén
kapinteran téh
minangka nu pang utamana,
tapi kahadéan
jauh lewih utama deui.
Da kapinteran gé
mun bari jeung euweuh kahadéanna mah
bisa ngagiring kanu kajahatan
nu bisa ngarugikeun batur,
sedengkeun
kahadéan bari jeung euweuh kepinteranna ogé nya sahenteuna
teu mantak ngagiring kanu kajahatan,
jadi moal ngarugikeun batur.
Mun hayang pinter
nya kudu loba diajar,
tapi
mun hayang kalakuanna hadé mah
nya kudu loba éling,
mun hayang éling
nya tinggal ngagunakeun haté
nu pinuh ku pangéling-ngéling
di jeroning Pamaheg.
ku kituna,
supaya bisa ngabédakeun
kalakuan hadé jeung kalakuan goté,
teu kudu muka bacaan nanaon jeung
teu kudu ngadéngékeun omongan sasaha,
tapi
cukup ku ngagunakeun haté nu anteb jeung kaéling kana diri
di jeroning Pamaheg, mangka ku cara kitu bakal jadi ngarti jeung éling yén kalakuanna téh hadé atawa goté.
Sarua waé jeung
mun hayang ngabédakeun patempoan nu wararaas atawa patempoan nu sareukseuk,
mangka cukup
ku ngagunakeun panon jang ninggali jeung nganyahokeun.
Atawa
hayang ngabédakeun sora halimpu jeung
sora rébék,
mangka cukup ku ngagunakeun ceuli jang ngadéngékeun jeung jang ngabédakeun,
teu kudu bari jeung muka bacaan nanaon atawa ngadéngékeun omongan sasaha.
Mangka ku kituna
tugas jalma
nu pang utama dina ajaran Jati Buhun mah nyaéta
éling kanu aturan
nu aya di jeroning dirina, ku carana kitu
bakal bisa mawa diri
nepi ka jadi jelema nu sabener-benerna jelema.
Sabenerna mah
unggal jelema gé
mimiti ngalakukeun kalakuan goté téh,
tangtu bakal ngarasa salah tinu kagotéannana sorangan,
éta hartina
ceuk ajaran Jati Buhun mah nyaéta
Pamaheg jeung haté éta jalma téh
bisa kénéh jalan,
tapi ku lantaran éta jalma téh osok ngalakukeun kalakuan goté waé, mangka Pamaheg jeung haténa éta jalma téh
jadi ruksak
nu ngajadikeun teu bisa jalan deui,
lantaran osok nolak
kana kahadéan waé jeung tara digunakeun haté.
Mantakna
uteukna jadi ngabenerkeun kanu sakabéh kalakuan goténa.
Supaya éta jalma téh bisa éling deui kanu kasalahanna,
mangka éta jalma téh perlu diélingkeun
laku lampahna nepi ka Pamaheg jeung haténa bisa jalan deui.
Pépéling Laku Lampah
Dina ajaran Jati Buhun, aturan Gusti
nu ngersakeun
nu saenya-enyana Gusti, geus aya dina jeroning diri jelema éta sorangan, tinggal éta jelemana téh ngarti,
éling, jeung
narima
kana éta aturan
ti Gusti Hyang Agung.
Jeung kacida dorakana lamun percaya yén
aya aturan ti Gusti nu kawasa
nu ditalatahkeun
ka jelema séjénna.
ku lantaran éta téh
geus nganggap Gusti
nu kawasa téh
geuning teu walakaya jadi ngabutuhkeun bantuan jelema jang ngatur jelema deui,
da pédah ajaran Jati Buhun mah
percaya yén
Sang Hyang Agung Gusti nu saenya-enyana Gusti téh sanggup ngatur
nu araya, nu jaradi, jeung nu harirup,
bari jeung teu butuh bantuan sasaha jeung teu kudu nyampeurkeun atawa talatah ka jelema jang jelema séjénna,
ku lantaran
Gusti nu kawasa nu saenya-enyana Gusti ngabogaan carana sorangan jang ngatur segala-galana, bari jeung teu kudu niru kanu cara jelema.
Aya 3 pépéling diri
di jeroning
ajaran Jati Buhun
nyaéta Ngaji
1
Ngaji Deka atawa
Ngaji Rasa jeung
Ngaji Kawila.
#
Ngaji Diri
nepikeun ka urang téh ngarti,
éling, jeung moal ngalakukeun nu teu pantes dilakukeun
ku diri urang, tur sabisana nananyakeun kanu kesalahan diri urang sorangan saméméh nyalahkeun batur.
Ngaji Deka nu aya dina diri urang sorangan,
nepi ka urang jadi
ngarti jeung éling kumaha mun urang dirugikeun ku batur, siga dinyenyeri, ditipu, dipaok, diwiwirang, jeung dirugikeun séjéna, nepikeun ka urang téh embung ngarugikeun batur jeung arék ngalakukeun batur siga urang hayang dilakukeun ku batur.
Ngaji Kawila
nepikeun ka urang téh embung ngan saukur mentingkeun diri urang sorangan,
tapi ogé paduli
kanu kapentingan batur jeung kapentingan balaréa.
Jéjér Béas :
Pikukuh Laku Lampah
Pépéling di luhur ngelingan jelema
supaya daék wawuh kana aturan nu aya dina dirina sorangan
salaku jelema,
lantaran
jelema dijurukeun téh supaya jadi jelema
nu laku lampahna
siga laku lampah jelema,
kitu ogé beurit
dijurukeun jang jadi berit reujeung laku lampah na salaku berit nu rampus jeung jotok,
manuk jadi manuk jeung paheut kanu jodona, maung jadi maung
nu ngabogaan sima jeung telenges, jeung saterusna,
éta téh
aturan Gusti
nu ngersakeun
nu saenya-enyana Gusti.
Ajaran Jati Buhun ngajadi tinu kanyaanan jeung pangalaman karuhun Buhun
salila mangrébu-rébu taun, nepi ka
ceuk nu ngagemna mah ajaran Jati Buhun téh bakal saluyu jeung kanyaanan tur bakal bisa dipaké nepika iraha waé ogé.
[8/10 00.39] Aing: Nusantara nyaéta
hiji kecap majemuk nu dicokot tina basa
Jawa Kuna
nusa (pulo) jeung
antara (séjén).
[8/10 00.54] Aing: Pamaheg
nyaéta dorongan nu kaluar ti jeroning diri,
nu ngajadikeun
ayana jati diri
(watak jeung dorongan laku lampah bawaan),
dekan (deka-an)
nyaéta batin pangrarasa di jeroning haté,
gawilan (mang-kawila-an)
nyaéta dorongan kahayang nalang jeung nulung,
saterusna nyaéta kahayang,
ari kahayang téh
nyaéta pangabutuh atawa nafsu.
Rék daék teu daék ogé pamaheg mah
bakal tetep aya
di jeroning diri jelema
nu hirup,
mangrupa carana Gusti Nu Ngersakeun
nu ngawasa ka sakabéh kaayaan,
kajadian, jeung kahirupan,
bari jeung Gusti mah
teu ngabutuhkeun bantuan nanaon atawa bantuan sasaha.
ku kituna
ceuk ajaran Jati Buhun mah
aturan ti Gusti
nu saenyana téh
teu kudu diajarkeun
ti luar diri urang,
da manuk ogé
bisa nyayang, nyingleumleum, jeung ngurus anakna
teu kudu diajarkeun
ti luar dirina,
tapi cukup ku éling
kana dirina sorangan.
Pamaheg téh
mangrupa kecap Buhun titinggalan ti pamuunan (karuhun buhun)
nu dipaké kénéh
nepi ka ayeuna ku ajaran Ajaran Jati Buhun.
Pamaheg Nu Aya
Dina Diri Jelema
Pamaheg nu aya
dina diri jelema
meni kacida ahéngna tur ngabogaan mangrupa-rupa aturan
ti Gusti nu saenyana-enyana Gusti jang jelema,
jeung
nu aya di sasatoan mah teu saahéng
siga nu dipikaboga
ku jelema.
Bagéan na téh nyaéta:
Jati diri
mangrupa peran nu ti Gusti nu kawasa
ajang jelema.
Nepikeun ka jelema ngabogaan watak jeung sifat nu bararéda.
Sedengkeun sasatoan mah,
dina hiji jinis sasatoan biasana jatidirina ampir sarageman, jeung
bakal béda mun jinis sasatoanna ogé béda.
Deka atawa rasa
di jeroning diri nu ahéng, nepikeun ka jelema
bisa ngarasakeun
kaéra jeung ka wiwirang nepikeun ka hayang nutupan beungeut,
bisa ngarasakeun nalangsa nepikeun ka ceurik inghak-ingakan, jeung
bisa ngarasakeun bungah jeung kagugu nepikeun ka seuri babarakatakan, jeung salianna deui,
jeung éta téh
henteu dipikaboga
ku sasatoan,
sanajan aya ogé deka
nu dipikaboga ku jelema katut ku sasatoan.
Kawila atawa paduli ka jelema séjénna,
di mana jelema sabenerna mah
boga pangawilaan nulung jeung nalang, sanajan aya ogé sasatoan nu osok ngabogaan pangawilaan.
Ari sésana mah
nyaéta
Pamaheg mangrupa kahayang nu sarua siga Pamaheg nu dipikaboga ku sasatoan
Kumatak kitu
jelema dijurukeun téh tah jadi jelema nu éling
kana dirina sorangan, ngabogaan pandekan, jeung paduli ka sasama, tapi
pengaruh goté
nu daratang ti luareun dirina
geus ngajadikeun
éta jelema
jadi teu éling
kana dirina sorangan, nepi ka éta jelema téh jadi leuwih bahaya
ti batan buaya,
leuwih jahat ti batan ajag, jeung
leuwih galak ti batan singa.
ku kituna
pépéling diri téh
kacida pentingna,
supaya jelema balik deui ka laku lampahna
salaku jelema.
Pamaheg téh
mun ceuk Malayuna mah meureunan "naluri",
harti ti kecap naluri ampir sarua jeung pamaheg
di mana naluri
ceuk kamus besar bahasa Indonesia
nyaéta
dorongan hati atau
nafsu yang dibawa
sejak lahir;
pembawaan alami
yang tidak disadari mendorong untuk berbuat sesuatu.
[8/10 13.42] Aing: Pépéling Bati Lampah
Jati Buhun teu apal jeung nu ngaranna reinkarnasi lantaran
dina ajaran Jati Buhun mah sakabéh nu dijurukeun téh
nyaéta
jirim anyar nu asalna
ti kolotna sorangan.
Tilu bagéan
di jeroning diri jelema hirup nyaéta
Waruga nu ngajadikeun jelema jadi aya,
Nyawa nu ngajadikeun jelema jadi ngajadi,
Sukma nu ngajadikeun jelema jadi hirup,
éta katiluna téh bener-bener asalna ti indung bapana sorangan jeung lain ti reinkarnasi atawa ti naon waé.
Mangka ku kitu,
Jati Buhun mah
teu wawuh jeung nu ngaranna karma,
tapi
wawuh ari cukang lantaran mah
nu asalna ti bati lampah, katut wawuh kanu pangaruh ti mujur jeung apes mah
nu mangrupa bagéan
ti jalan hirup.
Bati Lampah
aya 3 bagéan nyaéta Sugema,
Mamala,
Dodoja.
[8/10 13.49] Aing: Sugema
nyaéta kaayaan
nu pibungaheun,
sugema bisa datang
mun urang bisa ngabungahkeun hati jalma séjénna,
sanajan urang barang béré nu kacida lobana ogé mun jelema
nu dibéréna haténa
teu bungaheun mah,
nu méré na ogé moal meunang sugema nanaon,
tapi mun nu méréna sanajan ngan saeutik ogé hég wéh nu dibéréna haténa bungaheun,
éta nu méréna isukan pagéto gé bakal meunang sugema
nu lebih gedé ti nu geus dibérékeun.
Mingkin gedé kabungah jalma nu dibéré,
mingkin gedé ogé sugema nu bakal katarima ku nu méréna.
Mamala
nyaéta kaayaan nu teu dipiharep.
Mamala bakal datang mun urang ngarugikeun nepi ka nganyerikeun hate éta jalma nu geus dirugikeun,
mingkin nyeri haténa
éta jalma nu dirugikeun mingkin gedé ogé Mamala nu bakal ditarima ku jalma
nu geus ngarugikeunnana, sagedé nanahaon ogé jalma nu ngarugikeun
ka jalema séjénna salila nu dirugikeunna teu ngarasa dirugikeun mah, mamalana ogé moal datang,
tapi mun jelema nu ngarasa dirugikeun
nyeri haténa
mangka éta mamala bakal nepi ka éta jelema nu geus ngarugikeun, malah mah
mun urang manggihan pangaboga batur najan teu pati aya pangajina ogé (siga duit recéh, atawa banda nu murah) di jajalaneun, hég wéh dicokot terus jelema nu kaleungitannana kuciwa haténa,
mangka éta nu nyokotna téh bakal meunang mamala nu jauh lewih mahal tibatan pangaboga batur
nu geus dicokot
di jajalaneun téa, mangka leuwih hadé mun manggih pangaboga batur téh antepkeun wéh,
lantaran saha nu nyaho nu bogana rék balik deui néangan.
Dodoja,
jelema nu meunang dodoja bakal didoja kapancegan haténa,
mun sanggup ngaliwatan dodoja ku cara hadé bakal meunang sugema, tapi
mun teu sanggup ngaliwatan dodoja
ku cara nu hadé bakal meunang mamala.
Mun jelema keur ngabogaan pangabutuh nu kacida butuhna
tuluy wéh aya jalanna
ku jalan goté
éta hartina jalma téh keur meunang dodoja, mun sanggup ngaliwatan éta dodoja kucara hadé atawa
teu ngalampahkeun kalakuan goté lantaran kagoda ku pangabutuh, mangka iraha-iraha ogé éta jalma téh bakal meunang sugema,
tapi
lamun teu sanggup ngaliwatan dodoja kucara hadé atawa ngalampahkeun kalakuan goté pédah kagoda ku pangabutuh, mangka iraha-iraha ogé éta jalma téh
bakal meunang mamala.
Mun urang nyokot naon waé sakur pangaboga batur karasana mah
siga nu keur nyokotan sugema,
padahal mah
naon nu ku urang dicokotan téh
teu nyaho mah
ngan saukur mamala,
mingkin loba
nu dicokotanna
mingkin loba ogé mamala nu katarimana, ku kituna
jelema nu geus éling
ku Pikukuh Bati Lampah mah
moal sok cukat-cokot pangaboga batur.
[8/10 13.50] Aing: Jéjér Béas :
Pikukuh Bati Lampah
[8/10 13.51] Aing: Salian ti éta
aya ogé kaapes jeung kamujuran
salaku bagéan
ti jalan hirup,
da dina ajaran Jati Buhun mah,
hirup téh siga cai
nu palid jeung walungan siga jalan hirup
nu daék teu daék
bakal diliwatan.
[8/10 13.53] Aing: ku kituna,
dina ajaran Jati Buhun mah
katempo bédana
sugema nu mangrupa kanyaah,
mamala nu mangrupa pangwarah, jeung
dodoja nu mangrupa
tah milih.
Jadi euweuh pangwarah nu disebut tah milih, atawa kanyaah nu disebut pangwarah.
Dinu ajaran Jati Buhun mah,
lampah goté téh
teu bisa dileungitkeun
ti diri nu ngalakikeunna, tapi
bisa diimbangan
ku cara ngalampahkeun kahadéan
nu jauh leuwih gedé
ti batan kagotéan
nu geus dipilampahna.
[8/10 13.56] Aing: Pangulikan Papatén
ku lantaran ajaran Buhun ieu téh
geus aya jauh saméméh agama-agama ti daratan asup pulo-pulo Nusantara,
mangka
ajaran Jati Buhun
nu mangrupa
ajaran Buhun nu ngajati jeung dijatikeun
teu wawuh jeung Reinkarnasi,
Surga,
Naraka, atawa
Moksa,,
tapi ieu ajaran téh
nyaho kanu
tilu kapapaténan.
3 jinis kapapaténan téh
nyaéta:
Paéh Kasarad,
Paéh Kakungkung, jeung Paéh Sawilujengna
[8/10 13.58] Aing: Paéh Kasarad
nyaéta
paéh nu sukma (roh)
jadi wadal siluman,
ku kituna Paéh Kasarad ogé bisa disebut
paéh dipergasa.
Paéh Kakungkung
nyaéta paéh tapi sukmana kakurung
di jero waruga (raga) jeung éta Sukmana bakal ilang bareng jeung ngaburukanna waruga, ku kituna
Paéh Kakungkung
bisa ogé disebut
paéh ilang musnah.
Paéh Sawilujeungna nyaéta paéh nu sukmana leupas ti warugana
dinu kaayaan bahara-bahari
nuju ka wengku kahyangan nu dipercaya mangrupa wengku
nu lana,
ku kituna
Paéh Sawilujeungna
bisa ogé disebut
paéh sukmana lana.
[8/10 13.59] Aing: Jéjér Béas :
Pikukuh Papatén
[8/10 14.04] Aing: Paéh kasarad
nempa ka jalma
nu ngalakonan urusan jeung siluman, atawa jalma nu diwadalkeun
ku jalma séjénna
ka siluman ku kaapesna atawa bisa ogé
ku datangna mamala.
Jelema nu Paéh kasarad sukmana bakal dicokot ku siluman,
jeung
mun éta jalmana
Paéh Kakungkung, mangka
siluman bakal angger ngadudut éta sukma
ti warugana,
sanajan hasil nyaéta sukma téh
jadi cecel bocel atawa rapuh.
Jelema nu
Paéh Kakungkung
bakal dialaman ku jalma nu osok nyieun kagotéan waé,
nepi ka pikiranna
jadi kotor jeung pamahegna jadi ruksak, pamaheg nu rusak éta
nu bakal ngajadikeun jelema
jadi Paéh Kakungkung.
Sedengkeun
Paéh Sawilujeungna bakal dialaman
ku jalma-jalma nu mujur, nu salila hirupna ngalampahkeun kahadéan,
nepikeun ka pamikiran natéh tenang jeung reueus,
ku lantaran henteu nyimpen laku lampah goté di jeroning dirina, jeung
henteu ngabogaan kahayang jang ngalampahkeun kalakuan goté.
Sukma jelema téh
nyaéta
tinu sahab lunyi atawa gas nu gampang kaduruk.
ku kituna
di jeroning kepercayaan Jati Buhun mah
waruga jelema nu geus paéh téh
alusna mah dijauhkeun tinu seuneu,
ku lantaran dipikapaur bisi sukmana
aya teu jauh ti warugana ku kituna dipika paur bisi ilang kaduruk.
[8/10 14.11] Aing: Pangulikan Buhun
Kanu Panunggalan Gusti
Dijeroning pangulikan panunggalan Gusti
nu dipikaboga
ku Jati Buhun,
teu apal ayana batara-batari,
dewa-dewi, atawa malaikat.
ku kituna
Gusti katut sagala kakawasaanna mah bener-bener ngadeg sorangan
bari jeung
teu ngabutuhkeun bantuan batara-batari, dewa-dewi atawa malaikat, atawa jelema, jeung saha waé ogé salian ti éta.
Nepikeun ka Gusti
dina ajaran Jati Buhun mah
salaku pang Hyangna
nu hiji-hijina
nu teu ngabutuhkeun bantuan nanaon jeung teu ngabutuhkeun bantuan sasaha atawa disebut
Sang Hyang Agung
ku kaagungannana.
Dina panenjo ajaran
Jati Buhun
saimbangna jeung saluyuna banua
(buana/alam)
tur kahirupan ieu,
di mana unggal diri
nu hirup ngabogaan jeroan awak
nu disambungkeun
tinu hiji kanu séjénna
ku urat-urat nu kacida ahéngna jeung ruwetna, jeung
cara pancén jeroanna
nu luar biasa.
Salian ti kitu ngawentukna kasaimbangan hirup tutumbu silih hakan
katut peran
tur pancén hirupna sewang-sewangan
nu pinuh ku kasaluyuan. Mangka
kacida ajaibna jeung kacida luar biasana
mun ku-euweuh ayana Gusti
nu ngersakeun,
nu ngatur, jeung
nu ngawanganna.
ku kituna
ceuk ajaran Jati Buhun mah
Gusti nu saenyana-enyana
Gusti téh
dinyaankeun aya,
salaku nu ngawangun
tur nu ngatur kahirupan.
Mun Gusti nu kawasa dianggap salaku
nu ngatur
tur nu ngawanggan kahidupan,
terus saha atuh
nu geus ngatur katut geus ngawangan
Gusti nu kawasa téh?
[8/10 14.18] Aing: Hyang Agungna nu pang mimitina aya salaku Gusti nu kawasa Hatua nu saenyana, taya nu leuwih mimiti ti Gusti nu kawasa iwal ti kosong molongpong, mantak ku kitu euweuh nu ngawangan, nu ngatur, atawa nu ngersakeun Gusti nu kawasa Hyang Agung Hatua nu saenyana.
Gusti nu kawasa lir ibarat itungan hiji nu ngamimitian sakabéh itungan, jeung euweuh nu leuwih mimiti ti itungan ka hiji iwal ti kosong molongpong.
Sang Hyang Hatua nu saenya-enyana Gusti taya ngarana, euweuh nu miheulaan jeung moal Aya tungtung lilana. Salaku nu pangheulana aya nu teu manggih pamimitian, jeung salaku nu pang tungtungna aya nu teu manggih pangbéakan.
Mun sakabéhna geus ilang musnah, Gusti nu kawasa mah angger kénéh aya salaku nu pang tungtungna aya nu teu manggih pangbéakan, saterusna ngersakeun deui kana sagagalana salaku nu pang heulana aya nu teu manggih pamimitian. Éta téh lanana Gusti.
[8/10 14.20] Aing: Hyang Agungna
nu pang mimitina aya salaku Gusti
nu kawasa Hatua
nu saenyana,
taya nu leuwih mimiti
ti Gusti nu kawasa
iwal
ti kosong molongpong, mantak
ku kitu euweuh
nu ngawangan,
nu ngatur, atawa
nu ngersakeun
Gusti nu kawasa
Hyang Agung Hatua
nu saenyana.
Gusti nu kawasa
lir ibarat itungan hiji
nu ngamimitian sakabéh itungan,
jeung euweuh
nu leuwih mimiti
ti itungan ka hiji
iwal
ti kosong molongpong.
Sang Hyang Hatua
nu saenya-enyana
Gusti taya ngarana, euweuh nu miheulaan jeung
moal Aya tungtung lilana. Salaku
nu pangheulana aya
nu teu manggih pamimitian,
jeung salaku
nu pang tungtungna aya nu teu manggih pangbéakan.
Mun sakabéhna
geus ilang musnah,
Gusti nu kawasa mah angger kénéh aya
salaku
nu pang tungtungna aya nu teu manggih pangbéakan,
saterusna
ngersakeun deui
kana sagagalana
salaku
nu pang heulana aya
nu teu manggih pamimitian.
Éta téh lanana Gusti.
[8/10 14.26] Aing: Jéjér Béas :
Pikukuh Hyang Agung
[8/10 14.28] Aing: Contona nyaéta
gambar silangrua atawa segi tilu sarua gigirna,
di mana
nu pang nyungcungna
di puncitna euweuh tungtungan deui,
tinurup ka Gusti
nu kawasa
nu pang luhurna dina kaagungannana, jeung euweuh nu leuwih luhur kaagungannana
ti batan Gusti nu kawasa. Silangrua
nu pang handapna ngajébragan
tinurup jeung sakur banua nu kacida legana kersaning Gusti
nu kawasa,
tur Gusti nu kawasa éta téh Hatua nu saenyana.
[8/10 14.36] Aing: Pangulikan Sangiang mangrupa Bagéan ti Pangulikan Panunggalan Gusti
lolobana mah jalma-jalma di Indonésia nyangkana téh yén Sangiang téh nyaéta pangulikan Gustina ageman Hindu,
padahal mah kecap "Sang Hyang" téh euweuh nu ditulis di kitab Weda naon waé ogé, malah mah jalma-jalma Hindu di India mah
teu warawuheun
kana sebutan
"Sang Hyang"téh, lantaran
sabenerna mah pangulikan Sangiang téh nu bogana téh
nyaéta ajaran Buhun jeung sababaraha ajaran tempatan séjénna di Indonesia.
Pangulikan Sangiang nyebar lega ti pulo Jawa, Sumatra, nepikeun ka samenanjung Malaya, jeung pulo-pulo laleutik di sabudeureunana.
sebutan "sembahyang" asalna ti sebutan sembah katut Hyang, ngarujuk kanu sesembahan ka Sangiang. Paomongan sebutan "Sembahyang" di lingkur urang Islam Malayu jang ngagantikeun kecap sholat tina basa Arab, ngabuktikeun
yén urang Malayu pernah wawuh kana sebutan Hyang nu hartina nyaéta Gusti nu kawasa
dina ajaran Buhun.
Sangiang téh lainna ngaran
tapi mangrupa hiji pangedal dina basa Buhun.
Sang asalna ti kecap sa-ang nu hartina nyaéta hiji pribadi atawa
hiji sosok, atawa
tunggal.
Sedengkeun Hyang hartina gaib,
ku kituna
teu bisa ditingali ku panon,
teu bisa di déngé ku ceuli,
teu bisa kaambeu ku irung, jeung
teu bisa kacabak atawa kabedag ku awak,
ku kituna
teu bisa dicaritakeun kaayaannana.
Kecap Sang jeung
kecap Hyang
dihijikeun jadi kecap Sangiang.
ku kituna
sakabéh nu leuwih ti hiji atawa
ngabogaan kulawarga atawa
ngabogaan katurunan atawa ogé
aya tandinganana (musuh nu nandingan), atawa
bisa ditingali jirimna, didenge sorana jeung dibayangkeun kaayaannana,
nepikeun ka bisa dicaritakeun ucapan jeung
lampahna
siga singa nyaritakeun nu bisa disakséni, mangka éta téh lain Sangiang Gusti
nu saenyana-enyana Gusti
dina ajaran Buhun.
Tapi ku lantaran éarna
nu sok ngahi-hijikeun antara
pangulikan Sangiang
nu pangulikanna téh
ti panunggalan Gusti
nu sajati, jeung pangulikan Gusti séjénna tinu pangulikan réa gusti, ngajadikeun kecap "Sangiang" téh
sering disalah hartikeun. ku kituna jadi
aya batu disebut sangiang,
aya cai disebut sangiang, aya tempat disebut sangiang,
jelema katut jurig gé
aya nu disebut sangiang, éta téh
kacida pohara dorakana mun ngarujuk kana ajaran Jati Buhun mah
[8/10 16.10] Aing: Kelir Jeung Tinurup
Jati Buhun ngahartikeun hartina kelir.
macem-macem kelir
Hideung
nyekel harti satuhu, rempeg, jeung guyub dinu kahadéan.
Bodas
nyekel harti, teu panceg, élodan, jeung gampang kabawa ku sakaba-kaba.
Héjo laut atawa
héjo bulao semu hideung nyekel harti, belasungkawa, jeung nalangsa.
Héjo bulo
nyekel harti sakabéh kahadéan.
Héjo daun
nyekel harti subur makmur, beunghar ku dahareun.
Konéng
nyekel harti kaijid jeung pinter kodék.
Konéng semu beureum nyekel harti degig jeung sombong.
Beureum getih
nyekel harti kabedegongan jeung katelengesan.
Bungur
nyekel harti bogoh jeung begér.
Kalakay
nyekel harti soméah jeung béréhan, katut jauh tina kasombongan.
Beureum Gula
nyekel harti basajan.
Tinurup Jati Buhun
Silangrua atawa
segi tilu nu sarua gigirna nu kelirna hideung atawa bulao, jeung congcot, katut pamunjungan,
éta téh mangrupa tinurup Jati Buhun.
[8/10 16.14] Aing: Silangrua
nu puncitna nyungcung, jeung
congcot ogé nu puncitna nyungcung, jeung Pamunjungan
(Punden Berundak)
nu mingkin luhur tundaganna mingkin ngaleutikan,
tinurup ti itungan
nu pang leutikna
nyaéta
hiji,
hartina dinu pangluhur-luhurna
aya hiji Gusti
Sang Hyang Agung Hatua nu saenyana.
Dihandapna
nu jébrag,
tinurup kanu
legana pangersa sinareng
pangawasa Gusti
nu saenya-enyana Gusti nu gawasaan banua (buana) Jenat jeung sakurna banua
nu teu manggih tungtung nu kacida legana.
[8/10 16.18] Aing: Padang
Pamunjungan Gunung Padang nyaéta situs megalitikum panggedéna di Asia Wétan ngidul jeung pang kolotna di dunya, salaku bukti ayana kamajuan Buhun mangsa baheula.
Candi Borobudur siga Pumunjungan
Candi Borobudur nyaéta candi Buddha nu mirip jeung Pumunjungan, dikira-kira Candi Borobudur téh nyaéta Pamunjungan Buhun nu dirobah jadi hiji candi Buddha. Nu dibangun ku Raja Samaratungga keur mangsa Wangsa Syailendra. Jeung diréngsékeun ku Ratu Prabudawardhani, putrina Samaratungga.[3]</nowiki>
Situs taman Purbakala Pugung Raharjo, Lampung
Situs Purbakala Pugung Raharjo di tingali di luhur.
Situs Purbakala Pugung Raharjo atawa sering disebut Taman Taman Purbakala Pugung Raharjo mangrupa Pamunjungan nu ayana di Desa Pugung Raharjo, Kacamatan Sekampung Udik, Kabupatén Lampung Timur, Provinsi Lampung.[4]
Taman Purbakala Pugung Raharjo nyaéta Pamunjungan Buhun nu saterusna dijadikeun enggon paragi ibadahna agama Hindu-Buddha dimangsa kajayaan Hindu-Buddha.[
[8/10 16.19] Aing: Pamunjungan
Pamunjungan ngandung harti nu sarua jeung silangrua nyaéta tinurup jeung Panunggalan Gusti nu kawasa. Pamunjungan téh nyaéta tinurup Jati Buhun nu mangrupa wangunan, nu biasana mah éta wangunan téh geus kuna
[8/10 16.19] Aing: Silangrua kelir héjo bulao nyekel harti welas asih, béréhan, jéung kahadéan. Silangrua Kelir héjo langit nyekel harti luhur, lega, jeung euweuh tungtungna, ngibaratkeun kanu kawasana Hyang Agung. Silangrua hideung nyekel harti pituhu kanu ageman Jati Buhum.
[8/10 16.20] Aing: Silangrua kanyaanan tinurup kanu sagala nu aya di jeroning diri jeung sagala nu aya di luareun diri.
[8/10 16.20] Aing: Congcot.
Congcot yaéta tinurup Jati Buhun nu mangrupa dahareun.
[8/10 16.20] Aing: Kelir bodas dinu sangu tinurup tinu kakosongan, teu walakaya, jeung gampang dipangaruhan, warna héjo daun ti daun cau mangaruhan ku kabeungharan jeung kasuburan.
[8/10 16.20] Aing: Musium Purna Bakti Pertiwi, nu dibangun di era kaprésidénan Suharto, di bagéan hateupna siga congcot.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar