Kudu Wawuh Jeung Diri
“Sir indung sir bapa gumulung di kenya puri, sabulan ngaherang,
dua bulan kumambang, tilu bulan gumulung,
opat bulan mangrupa, lima bulan sangga raja, genep bulan ratu mungkala,
tujuh bulan kamarullah, dalapan bulan Nur-Allah, salapan bulan medal ka dunya.
Satetes banyu
Bak nyungkring kancana raden mas pangeran ganda raja ratu wisesa nyusup kalbuna,
nyelap manahna,
welas asihnya Gusti.
Dulur nu teu ngawujud jadi manusa kawas dulurna sakabeh,
nyakitu deui
Naga Kancana oge sarua.
Dulur nu teu ngawujud aya opat perkara,
dulur nu ngawujud aya opat jumlah
sakabeh dalapan perkara.
Dulur batin anu opat kakang kawah,
tali ari-ari,
antamaya,
antasari (ngaran malaikat),
papat kalima pancer
guru mursid sukma sajatining manusa
nu ngusik malikeun sarangka waruga.
Diaping ku nu suci diraksa ku kawasa,
nu ngaping manusa
aya opat
jenengan malaikat Zabariyah,
Ariyah,
Syiriah, jeung
Mariyah.
Arinyana Nyaksi
tekad hade gorengna, ucap,
lampah paripolah.
Dulur wujud anu opat
nu nyicingan
pulau nyawa raga awak manusa
nyaeta
Sanghyang Sirah, Sanghyang Puseur, Sanghyang Dampal, jeung
Sanghyang Raga Awak.
Sanghyang Sirah cicingna dina
otak Ajna jeung
otak cakra mahkota,
Sanghyang Puseur cicingna dina
gumpalan getih hideung,
Sanghyang Dampal cicingna dina
sumsum balung,
Sanghyang raga awak cicingna dina
sakujur awak.
Nu ngusikeun raga awak sakujur nyaeta
sukma (malaikat rohani), raga (roh jasmani), jeung nyawa (napas).
Parabotna elmu
syareat,
torekat,
marifat, jeung
hakekat.
Ngisat awak kudu apal ka diri sorangan,
sabenerna aya naon
dina diri manusa
diantara
kuring jeung kurungna.
Aya genep perkara
nu asalna ti indung
jeung
dalapan perkara
nu asal ti bapa,
tilu perkara
langsung ti Allah
nyaeta
cahaya,
atma (nyawa) jeung sukma sajati.
Parabotna elmu
syareat,
tarekat,
marifat, jeung
hakekat.
Pangbutuh rohani
dzikir,
mikir,
hiburan.
Pangabutuh raga awak dahar jeung
nginum
nu teu lepas ti
cai,
angin.
Seuneu, jeung
taneuh.
Parabot bakti ka diri nyaeta
rasa,
rumasa, jeung
tumarima.
Mun geus bisa nelebkeun tilu perkara eta
dina kalbu
tandana manusa
geus bisa
bakti ka dirina,
bakti ka Gustina, jeung bakti ka papada manusa katut mahluk pangeusi alam.
Teges pikeun jalma
nu can bisa nelebkeun rasa,
rumasa,
tumarima
dina kalbuna
tandana can bisa ngalaksanakeun sahadat.
Ngagindingan diri
ngaji kitab
ulah jauh ti diri,
mun jauh tina diri
bakal lali ka wiwit
bijil sasar mapay sagara, jati ka silih ku junti,
nu enya di lain-lain,
nu lain di enya-enya,
nu sugan di enyakeun,
nu enya disugankeun
Kuduna
mesek cangkang
nyokot eusi,
sikina dipelakeun cangkangna tong dipiceun
Ngaji kudu ngajirim. Panarimaning iman
ka Allah
nyaeta
iman kana
dzatna,
sifatna, jeung
asmana.
Pikeun nu geus ngarasa genah iman ka asmana, ulah mopohoeun
iman ka dzat jeung sifatna.
Jalma nu nareangan
dzat jeung sifatna
ulah dianggap kufur.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar