Neangan Gusti
Gusti Allah
euweuh tapi aya,
aya tapi euweuh babandingannana,
Sa-Tunggal Braja,
dzat Sa-Alif Tunggal, jeneng ku Anjeun
teu bisa diumpamakeun.
Cicingna lain
di gunung,
di darat,
di laut,
kulon, wetan, kaler, kidul tapi
cicingna
dina panta Maha Luhur, di langit aya langit karajaan Illahi
tampa wates.
Sanajan cicing
dina panta Maha Luhur, jauh tapi deukeut, deukeut tapi jauh
pikeun nu teu iman. Karasa, kacampa,
tapi teu katempo.
Deukeutna Allah jeung manusa
ibarat gula jeung amisna, uyah jeung asinna, seuneu jeung panasna, angin jeung tiisna,
cai jeung nyecepna, kembang jeung seungitna
sabab
dina sajeoreun
diri manusa
Allah ngancikeun Sirullah,
nurullah,
dzatullah,
sifatullah,
asmalullah,
af’alullah,
kodratullah,
wujudullah,
nikmatullah,
rahmatullah.
Allah
Maha Ninggal,
Maha Uninga,
Maha Ngadangu,
Maha Ngatur,
Maha welas,
Maha Asih.
Neangan Allah
kudu nyaho getih sorangan,
tapi
lain sagetih-getihna.
Tumanya
aya naon dina diri.
Lamun hayang nyaho anu caang
kudu cicing di nu poek,
lamun hayang nyaho anu poek
kudu cicing di nu caang.
Hayang apal
ka nu teu ngawujud
kudu ngaji nu ngawujud.
Sagala rupa nu teu ngawujud jeung
nu ngawujud
dadamelan Gusti Allah.
Mun geus wawuh jeung dirina
bakal wawuh jeung Gusti-Na.
Marifat ka Gusti
kudu ngagunakeun parabot
nu nyampak dina diri, sirnaning rasa,
sirnaning cipta,
sirnaning karsa, sirnaning karya.
Sir budi cipta rasa,
sir rasa papan raga,
dzat marifat wujud kaula maring Allah,
maring malaikat,
maring Rasul
sangkan hirup hurif
maot sampurna.
Maot sampurna
mulih ka jati
mulang ka asal,
nu asalna tina taneuh balik ka taneuh,
nu asalna tina seuneu balik ka seuneu,
nu asalna tina angin balik ka angin,
nu asalna tina cai balik ka cai,
nu asalna langsung ti Allah mulang ka Allah.
Sorga hak Anjeun-Na, manusa mulang ka sorga sakadar kahayang wungkul.
Jalan ka sorga ngaliwatan alam syareat gawe wujud jeung
gawe kolbu.
Gawe wujud ngalaksanakeun pakemanna
ngajauhkeun larangannana,
gawe kolbu
mancegkeun kayakinan, sabar tawakal,
renghap pasrah sumerah diri kana pangersana, ikhlas dina pirang-pirang perkara kahadeaan, jembar manah,
iman dina sajeroning kaimanan,
ngahijikeun rasa dina sajeroeun rasa, muasakeun panca indra, merenahkeun napsu dina tempatna,
samemeh mikir kudu ges nepi,
nganyatakeun kasolehan nyembah Allah jeung nganyatakeun kasolehan jeung papada manusa.
Sorga nu jauh
di arudag-udag,
sorga nu deukeut dipopohoken,
indung tunggulna rahayu, bapa tangkalna darajat,
pitutur indung matak metu,
nasehat bapa matak teurak,
nukang nonggong
ka indung bapa
waruga kabalur ku dosa.
Muji ka gusti,
munyung ka indung, muja ka bapa,
sorga aya dina damapal suku indung jeung bapa.
Doraka ka indung bapa tanawuruh mulang
ka sorga
tapi
balik ka naraka jahanam.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar