Shalat Syareat,Thorekat jeung Hakekat
Kalawan nyebat jeunengan Allah Swt.
لبسـم الله الرحمن الر حيم
السّلام عليكم ورحمة الله وبركا ته
Shalat Syareat,Thorekat jeung Hakekat
Ari shalat eta aya 3 :
صَـلاَةْ شريعة ، طريقة ، حقيقة
1.Shalat Syare'at (صَـلاَةْ شريعة ).
Waktuna : dzuhur, ashar, maghrib, isya jeung subuh.
Wudhuna : ku cai anu suci tur nyucikeun.
Kibltna : baitullah ka'bah di Mekah mukaromah.
2.Shalat Thorekat (صَـلاَةْ طريقة )
Waktuna : dimana-mana datang hawa nafsu.
Wudhuna : ku cai mujahadah jeung riyadoh.
Kiblatna : hate di jero dirina.
Ari Mujahadah jeung Riyadoh ( رِيَاضَةْ ) tina nafsu amarah anu baladna 7 tempatna dina dada :
buhlu (البُخْلُ ) hartosna koret.
hirsu (الحِرْص ) hartosna kasengsrem.
hasud (الحَسُدُ ) hartosna ngewa kana nikmat batur.
jahlu (الجَهْلُ ) hartosna bodo.
kibru ( الكِبْرُ) hartosna gumeude.
sahwat (الشَهْوَةُ ) hartosna kahayang
ghodobu (الغَضَبُ ) hartosna ambeuk
kadua nafsu loamah ( لَوَّامَةْ ) anu baladna 9, tempatna dina handapeun susu kenca dua ramo kahandap :
laum ( اللَوْم ) hartosna moyok.
hawa ( الهَوَى ) hartosna kahayang.
makru ( المَكْرُ ) hartosna nipu.
ujub ( العُجُبُ ) hartosna asa alus sorangan.
ghibah ( الغِيْبَة ) hartosna ngomongkeun batur.
riya ( الرِيَا ) hartosna hayang kapuji ku batur.
dulmu ( الظُلْمُ ) hartosna dolim.
kidbu ( الكِذْبُ ) hartosna bohong.
goflah (الغَفْلَةْ ) hartosna poho.
Shalat Thorekat ngarana Muhasabah ( مُحَاسَبَةْ ) nyaeta mana nafsu anu atos hilang, mana pagawean anu leuwih alus di pigawena.mana nafsu anu atos hilang tina ngaruksak saperti : riya,takabur jeung bangsana.
3.Shalat Hakekat ( صَـلاَةْ حقيقة).
waktuna : heunte nganggo waktu.
wudhuna : ku cai Taobat ( تَوْبَةْ ) jeung Murokobah ( مُرَاقَبَةْ ).
kiblatna : hak Allah Ta'ala ( حق الله تعالى ).
Anu tos heunteu mihak ningali kana dirina sorangan.Anu dawuhan Allah Ta'ala :
فَاَيـْنَمَـاتَوَّافَـثَـمَّ وَجْـهُ اللهِ
"kamana wae madep aranjeun maka madep kana kiblat Allah Ta'ala".
Teu nganggap waktu anu dawuhan allah Ta'ala :
عَلَى صَلَوتِهِمْ دَاءِمُـوْنَ
"kana shalatna jalma anu langgeung mayeng heunteu eureun-eureun"
Ari ngaran shalat hakekat ngarana Musaahadah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar